mamabojong-sd

for All from Sunda

Arsip untuk Juni, 2008

Mapag pupuhu Jawa Barat ku Narcosis kana Dzikrullah

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 14, 2008

Di antawis parentah Allah anu kacida praktis pikeun urang midamelna, henteu nganggo bilangan waktu atawa tempat, sanajan ngan ukur diucapkeun ku lambe, nyaeta dzikrullah. Dawuhan Allah swt dina al-Quran surat al-Ahzab (S. 33:41) ditandeskeun:
“Ya ayyuha ‘lladiina aamanuu, udzkurullaha dzikron katsiiroo wa sabbihuu bukrotan wa ashiilaa.” (Hei jalma-jalma anu ariman, kudu dzikir anjeun kalawan nyebat asma Allah, dzikir sasering2na, sareng maca tasbih nalika isuk jeung sore).

Dina emutan sim kuring, teu aya qarinah anu ngalihkeun lafadz amar “udzkur” tina harti wajib kana harti sejen. Sakumaha anu dicarioskeun ku Imam Ibnu Athoillah, yen anjeun poma ulah ninggalkeun dzikir, sabab hate anjeun bakal hadir jeung Allah nalika dzikir. Malah dina al-Quran surat al-ahzab (S. 33:35), ditandeskeun yen pikeun maranehanana Allah nyawiskeun pangampura jeung ganjaran anu gede. Junjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw ngadawuh, “dzikrullah syifaaun al-qalbi” (inget jeung nyebut Allah eta obat anu mustajab keur nyageurkeun panyakit hate).

Ku sabab kitu, ti mulai hudang sare nepi ka rek sare deui, kaasup oge keur sare, salami eta urang tetep emut ka Allah. Tegesna, dzikrullah jangan berhenti selama napas berdenyut, bahkan setiap kali jentung berdenyut kita dzikir kepada Allah.

Insya Allah urang bakal tiasa ngamalkeunana. Sabab naon bentena jeung kacanduan ngaroko, ari dzikrullah henteu nyandu? Faktor hiji jalma narcosis (gumantung) kana obat-obat terlarang sareng miras atawa alitna narcosis kana roko eta alatan 3 hal:
1. bi at-talqin (ku yakin)
2. bi al-adat (jadi kabiasaan)
3. bi at-tamriinaat (daek latihan)

Maka coba dzikrullah ku 3 jalan eta.
Tancebkeun iman anu weweg dina hate, sabab kaluarna tina hate bakal lebet deui kana hate, bari dibiasakeun tur mindeng latihan (badaniyah tur batiniyah).

Dina mapag pupuhu Jawa Barat nu anyar, HADE, hayu urang ngemutan deui dawuhan Nabi Muhammad saw anu diriwayatkeun ku Anas bin Malik: Dzikir ka Allah eta panji-panji kaimanan, pembebas tina sifat munafik, terpelihara tina tipu daya setan, tur kajaga tina seuneu naraka. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

Ditulis dalam islam, psikologi, sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Hade diistrenen di Gedung Merdeka

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 14, 2008

Kalayan lancar tur hidmat, Jumaah (13/6/2008) Ahmad Heriawan jeung Dede Yusuf (Hade) resmi diistrenan janten pupuhu Jawa Barat, tegesna Gupernur jeung Wakil Gupernur Jawa Barat periode 2008-2013, dumasar kana Kepres No 41/P Tahun 2008 anu ditetepkeun ku Presiden SBY ping 27 Mei 2008. Duanana disumpah ku Mendagri Mardiyanto bari tuluy neken berita acara pelantikan katut seren sumeren kalungguhan ti Dani Setiawan – Nu’man Abdul Hakim. Acara ngistrenan eta lumangsung di Gedung Merdeka, Jalan Asia Afrika Bandung.

Dina mapag pupuhu Jawa Barat nu anyar ieu, Mendagri Mardiyanto menta sangkan Hade leuwih ngutamakeun ngungkulan kamiskinan di Provinsi Jawa Barat. “Bisa nyanghareupan sagala masalah nu aya di Jawa Barat bari mayunkeun ngungkulan kamiskinan,” kitu ceuk Mardiyanto. Iwal ti eta oge menta sangkan Hade jadi panyambung antara pamarentah kabupaten/kota jeung pamarentah pusat. Ulah sampe katangen pamarentah pusat jeung daerah sewang-sewangan. “Kuring nyarankeun sabilulungan, sabobot sapihanean jeung pihak DPRD Jabar keur kapentingan rahayat,” ceuk Mendagri.
sumber: http://news.okezone.com

Wilujeng ka Ahmad Heryawan jeung Dede Yusuf (Hade) ku diistrenanana janten Guperner jeung Wakil Gupernur Jawa Barat periode 2008-2013. Mudah2an visi Jawa Barat kahontal (eta ge mun teu robah), nyaeta Jawa Barat kalawan iman jeung taqwa jadi propinsi paling unggul di Indonesia tur mitra pangdeukeutna jeung ibukota nagara tahun 2010. Dua taun deui, pak!

Ditulis dalam pamarentah, sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Sifat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 5, 2008

Harita mah keur masih lelengkah halu, keur masih keneh ngurus
wapsite (aya keneh ayeuna ge) di
peperonity.com (masih keneh jaman
community.biz), tara elat nepangan Kusnet.
Paling seringna mah maca banyol, malahan tiap kali maca sok rajeun didownload,
tuluy dikirimkeun via email ka sobat-sobat. Manual we harita mah, ku hp maksudna
mah, enya ge dibantuan make PC, ukur transfer data, da modemna teu aktif wae.
Include dina nyieun wapsite ge wungkul make hp,

Tina banyolan2 nu paling dipikaresep ku balad2 nyaeta nu judulna Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna,
Sumbangan ti kang ndoell. Keur nu can apal kumaha sifat jalma dumasar kana
rupa-rupa hitutna versi Kusnet, kieu:
(punten yeuh komunitas urang sunda di internet, ieu mah sono)

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada tit..tit..tit…

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna…

Ditulis dalam heureuy mama | Bertanda: , , , , | Leave a Comment »

Iklan, bunuh diri atawa promosi?

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 3, 2008

Iklan teh gampangna mah ngabejaan (dina KBBI disebutkeun yen iklan hartina pemberitahuan). Ceuk ahli bisnis mah advertising (bahasa inggris) anu dina wikipedia dihartikeun a form of of communication that typically attempts to persuade potential customer more of a particular brand of product or service. Meureun maksudna mah hiji bentuk komunikasi anu khas, nyoba-nyoba ngolo potensi langganan kana merek hiji barang atawa jasa.

Mun kitu mah iklan teh dijieun keur ningkatkeun konsumen atawa pasar barang jeung jasa, leuwih kaiket jeung satuhu kana merek. Antukna beja nu dikirim dina iklan leket jeung pangolo kalawan (kuduna meureun) bewara anu saluyu jeung kanyataan.

Sababaraha bulan katukang kuring sempet ngomentaran iklan m3 ngeunaan Rp0,000000…1. Ti dituna mah, jigana ngolo konsumen ngarah pindah kana m3 alatan biaya nelepon relatif murah ngaliwatan iklan eta. Padahal eta mah taktik wungkul, da sabenerna ngalikeun angka jeung Rp0,01 atawa Rp0,000000…1 teu jauh beda, itungan limit 0 ceuk matematika mah pan sarua jeung nol lamun 0-na lain nu ngabagi mah. Naha indosat teu apal nu make m3 teh loba nu palinter, da sakanyaho kuring tisaprak make 2006 m3 identik jeung neter. Matakna kuring asa kasindiran ku eta iklan.

Di Sumedang malah aya spanduk nu eusina LAIN URANG SUMEDANG MEUN CAN MACA RADAR SUMEDANG. Aya kitu dina Quran Haditsna, paling henteu dina Perda Kabupaten Sumedang nu ngawajibkeun atawa nga-muakad-keun maca RADAR SUMEDANG?

Ieu ukur persepsi. Sakapeung bewara nu dibejakeun implisit, ancaman nu nyumput nyalindung dina eusi. Pantes mun tapsiranana beda-beda, ukur bagian tina taktik promosi ngawangun persepsi.

Kusabab ngarupakeun taktik, bisa wae aya nu katarik ku eta iklan. Ngan jigana kalobaan jalma minat kana hiji barang atawa jasa alatan like dislike.

Geus waktuna nyieun iklan make budaya luhur bangsa Indonesia. Lamun iklan ngabobodo rahayat atawa nganggap bodo rahayat, bunuh diri wae eta mah. Leres lur?

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , , , | Leave a Comment »

Kuya lapar ngegel Gopar

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 2, 2008

Dasar kuya! Kitu kira-kira salah sahiji babasan nu diucapkeun, boh ku urang Sunda atawa sabudereunana, nalika manggih kakeuheul ka sasamana, kanu kenal oge sakepeung kanu teu kenal.

Ieu mah di perumnas jatihurip Sumedang, bener-bener nyebut kitu teh pas pisan ka kuya. Pasalna, Maman Suparman alias Gopar, warga di eta lembur digegel kuya jariji tengenna. Ngegelna mani kuat, da dikepes-kepes ge hese leupas. Saking kuatna, nalika leupas tina gegelan kuya kuku jarijinana beulah tur baloboran getih. Ceuk wa Enay mah, tatanggana, pantes we da geuning sanggeusna eta kuya dipeuncit kanyahoan huntuna luhur hiji handap hiji galede tapi jiga gegep. Tapi duka eta ge, boa mah ku useup nu ngait dina sungutna, ceuk Obet.

Eta kuya teh ceuk Roka, istrina, meunang nyetrum ti solokan pangakuan Goparna mah, opat tahun katukang. Tuluy leupas. Ngan ceuk tatangga tukangeun imahna mah dua bulan katukang pernah ningali aya di hareupeun buruanana, teu ditewak da gilaeun ningalina, nepi teu kacaritakeun deui da isukna geus euweuh.

Peutingna memeh kajadian kuya teh datang deui, tuluy we diasupkeun ka balong tatanggana, Edi Mulyadi.

Isuk-isuk wanci haneut moyan, Gopar dek nalian huluna. Nahas keur manehna, kuya kalah ka ngegel. Reuwas jeung ambek, Gopar satekah polah ngaleupaskan jarijina tina gegelan kuya. Saking ku linu, peurih tur loba getih nu kaluar, Gopar nepi ka lemes, malahan sempat pingsan.

Kabeneran warga masih araya keneh di lembur, antukna ibur salembur. Ningali kajadian kitu, tuluy we Gopar teh dibawa ka rumah sakit, komo deui istrina, Roka cakah-cikih jiga nu bingung tur sedih. Ngan jigana di tengah jalan supir nu mawa gopar robah pikiran, duka pedah manehna dek gawe duka alatan naon, nu jelas mah cenah bisi ka rumah sakit mah lila tur matak barabe, tungtungna Gopar dibawa ka klinik Dano.

Abong kudu kitu. Roka mah harita teu milu nganteur salakina. Manehna indit pandeuri make motor jeung tatangga lianna nu rek gawe. Nyalse, da perkiraan rada lila biasana ge di rumah sakit mah. Atuh bari indit teh nyimpang heula ka kolotna Gopar di Karapyak, ngabejaan maksudna mah.

Dasar kuya! Nu digegel kuya dibawa ka klinik Dano, ari pamajikana nyusul ka rumah sakit. Dek asup ka UGD teh harerese deuih da satpamna ketus nyebutkeun keur dipariksa bari manehna teu nyaho aya euweuhna Gopar. Ningali galagat kitu, tatanggana nyieun strategi api-api dek manggihan mantri Wawan nu kabeneran katempo ti luar, atuh satpam teh ngidinan. Tapi memang Gopar mah teu dibawa ka rumah sakit.

Dasar kuya! Pas ditelepon kanu nganteurkeunana, Gopar geus di lembur. Roka ge tuluy balik deui. Ngan orokaya, aya beja kulawarga Gopar nu di karapyak nyusul deuih ka rumah sakit. Ngabodooor, dasar kuya!

Dasar kuya! Dipeuncit siah ku aing! Bismilah, geresel kuya teh dipeuncit, tuluy disate bari balakecrakan, bari ngareuah-reuah deui Gopar nu harita geus rada jagjag milu ulubiung.

Nu nyesa teh ieu we batokna, diarah ku Mang Cacah keur pajangan cenah, da nu sejen-sejena mah dipiceun.

Ditulis dalam cerita, sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Wilejeng Tepang Neter Sadunya

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 1, 2008

Wilujeng tepang para neter sadunya sareng mamabojong dina versi basa sunda. Ieu mah dina raraga ngamumule basa sorangan, pedah lemah cai mama aya di tatar sunda. Sanajan can karuan leres undak usuk basana, paling henteu jadi ciri kacinta mama kana basa sunda jeung kasundaan.

Saparantosna sasih kamari urang dihudangkeun ku saabad kebangkitan nasional, geus waktuna ayeuna urang nembongan ciri nu matri dina diri, cara nu nyaliara dina raga, kasundaan kudu ditembongkeun. Kebangkitan nasional ngandung harti hudangna deui sumanget ngawangun bangsa jeung nagara kalawan babarengan, sareundeuk saigel sabobot sapihanean, tapi lain harti ngaleungitkan budaya masing-masing daerah, kaasup basa-basana. Justru budaya luhur bangsa Indonesia bakal tembong deui lamun budaya kadaerahan henteu leungit, sabab budaya daerah ngalambangkeun budaya nasional nu kudu dimumule.

Leuwih ti eta, budaya sunda katut segi-segi kasundaan sejenna anu tenar kamana-mana utamana budaya sopan jeung someah. Tapi kahade, pedah sopan tur someah tuluy ditambahan sologoto. Eta mah so tea.

Tanggung jawab ngawangun bangsa jeung nagara di alam kamerdekaan jeung kabebasan ieu moal bener lamun teu dibarengan ku nembongkeun budaya luhur bangsa Indonesia dina kabhinekaan anu tunggal.

Ditulis dalam Uncategorized | Leave a Comment »