Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 31, 2008
Ihrom teh maksudna niat ngalaksanakeun ibadah haji atawa umroh make pakean ihrom. "Saenyana sagala amal ibadah teh sah ku niat." (Riwayat Bukhari). Anapon pakean ihrom nyaeta:
- Keur lalaki make dua lembar lawon anu teu dikaput, pangpangna lawon bodas. Nu salambar disarungkeun, nu salambar deui disolendangkeun dina kiwa sedengkeun taktak nu tengen katembong.
- Keur awewe make papakean anu ngabunian sareket awak, iwal ti beungeut jeung dampal leungeun katut tonggong leungeun.
Ngalaksanakeun ihrom teh ti miqat, nyaeta tempat anu ditangtukeun (miqat makani) jeung waktu anu tangtu (miqat zamani).
- Miqat zamani atawa katangtuan waktu pikeun ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh nyaeta ti tanggal 1 syawal nepi ka kaluar fajar tanggal 10 Dzulhijjah (dua bulan salapan setengah poe). Pidawoh Allah dina Quran surat al-Baqarah (S.2:197) "al-hajju asyhurun ma’luumaatun." Tafsir ma’lumat nurut kana atsar Ibnu Umar, "bulan haji teh nyaeta bulan syawal, dzulqaidah, jeung sapuluh poe bulan dzulhijjah." (Riwayat Bukhari).
- Miqat makani atawa katangtuan tempat pikeun ngamimitian niat ibadah haji jeung umroh, nyaeta:
- Mekah, pikeun jalma nu cicing di Mekah. Maksudna anu cicing di Mekah atawa nu ngalaksanakeun haji Tamattu, miqatna ti tempat panginepanana.
- Zulhulaifah atawa disebut Bir Ali, pikeun anu datang ti Madinah jeung nagara2 sajajar jeung Madinah. Jamaah haji Indonesia Gelombang I nu sacundukan ka Jeddah terus langsung ka Madinah, miqatna ti dieu.
- Juhfah atawa ayeuna mah Robigh, pikeun nu datang ti beulah Syam, Mesir, Maghribi, jeung nagara2 nu sajajar jeung eta.
- Yulamlam, pikeun nu datang ti beulah Yaman, India, Indonesia, jeung nagara2 anu sajalan jeung eta. Jamaah haji Indonesia Gelombang II nu sacundukan ka Jeddah tuluy ka Mekkah, miqatna nalika kapal sajajar jeung bukit Yulamlam atawa Qarnu al-manazil. Ngan aya fatwa Ibnu Hajar anu tuluy jadi fatwa MUI, lamun urang datang ti Jeddah, miqatna ti Jeddah.
- Qarnu, pikeun nu datang ti beulah Najdil Yaman jeung Najdil Hijaz atawa nagara2 nu sajalan jeung eta.
- Dzatu ‘irqi, pikeun nu datang ti Iraq jeung nagara2 sejen nu sajajaran.
- Anapon pikeun nu datang ti antara Mekah jeung miqat2 tadi, miqatna ti lemburna masing2.
Cara Ihrom:
- Disunatkeun mandi heula, make minyak rambut sarta nyisiran sing rapih, neukteuk heula kuku sarta make seuseungitan.
- Nunda pakean biasa, husus make pakean ihrom
- Solat sunat ihrom dua rokaat
- Ngamimitian ihrom bari ngucapkeun niat ihrom.
- Niat umroh: "Labbaika Allahumma ‘umrotan" (Nun Gusti abdi nyumponan panyaur Gusti, Ya Allah, seja ngalaksanakeun umroh).
- Niat haji: "Labbaika Allahumma hajjan" (Nun Gusti abdi nyumponan panyaur Gusti, Ya Allah, seja ngalaksanakeun haji).
- Niat haji qiran: "Labbaika Allahumma ‘umrotan wa hajjan" (Nun Gusti abdi nyumponan panyaur Gusti, Ya Allah, seja ngalaksanakeun umroh sareng haji).
Nu teu meunang dipigawe salila ihrom
1. keur lalaki
- teu meunang make pakean nu dikaput
- teu meunang make sapatu atawa sendal nu nutupan mumuncangan
- teu meunang nutupan sirah
2. keur awewe
- teu meunang make kaos leungeun
- teu meunang ngabunian beungeut/ teu meunang make cadar
3. keur lalaki jeung awewe
- teu meunang make seuseungitan iwal ti nu dipake samemeh ihrom
- teu meunang ngeureutan kuku jeung dicukur atawa nyabutan bubuluan nu aya dina awak urang
- teu meunang moro atawa ngaganggu mana komo maehan sasatoan ku cara naon bae
- teu meunang kawin jeung ngawinkeun malah teu meunang ngalamar/ nanyaan awewe kalawan niat rek ditikah.
MASALAH
- Make papakean ihrom samemeh nepi ka miqat makani henteu disalahkeun lamun henteu matak madorot kana dirina, ngan ulah waka ngedalkeun niat ihromna. Upama geus nepi ka miqat makani, kakara ngedalkeun niat ihromna. Contona, pikeun jamaah haji Gelombang II anu sacundukan ka Jeddah (ukur 35 menit) tuluy ka Mekkah ihramna ti Indonesia, ngan ngedalkeun niatna lamun kapal geus sajajar jeung Yulamlam atawa Qarnu al-manajil.
- Lamun ihromna geus ngaliwatan miqat makani, mangka manehna kudu balik deui ka miqat nu ku manehna kaliwatan atawa ka miqat nu leuwih deukeut, tuluy ngedalkeun niat ihramna. Kitu soteh lamun waktu ibadah haji anu rukun masih keneh laluasa waktuna. Tapi lamun geus samporet, sakira-kira lamun manehna balik deui ka miqat pasti kana porotna waktu pikeun ngalaksanakeun rukun haji, mangka hal ieu teu diwajibkeun ka manehna balik deui ka miqat, tuluykeun bae ihromna, tapi ka manehna diwajibkeun dam.
- Kitu deui ka jamaah anu teu ngaliwatan miqat makani anu ditangtukeun, nyieun miqatna ngalempengkeun di antara dua miqat anu ditangtukeun, atawa ngira-ngira sapanjang dua marhalah (90 km) ti Mekah.
Ditulis dalam islam | Bertanda: haji, islam | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 31, 2008
Saperti ibadah mahdhoh lianna, dina ibadah haji oge aya syarat, rukun, jeung wajib.
Syarat haji jeung umroh
Syarat haji jeung umroh teh nyaeta katangtuan nu kudu dipibanda samemehna ku hiji jalma pikeun ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Lamun syarat-syaratna henteu cumpon, keur ummat Islam lesot tina kawajiban ibadah haji jeung umroh (teu diwajibkeun ngalaksanakeun eta dua rupa ibadah). Anapon syarat haji jeung umroh sarua, nyaeta: Islam, baleg (dewasa), akalna sehat, merdeka, jeung istitho’ah (kawasa/ mampuh).
Rukun haji jeung umroh
Ari rukun haji jeung umroh nyaeta padika atawa katangtuan2 nu kudu aya dina enggoning ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Lamun tina salah sahijina eta katangtuan ditinggalkeun, ibadahna teu sah.
Rukun haji:
- Ihrom
- Wukuf di Arofah
- Thowaf
- Sa’i
- Tahallul
- Tartib
Rukun umroh:
- Ihrom
- Thowaf umroh
- Sa’i
- Tahallul
- Tartib
Wajib haji jeung umroh
Anapon nu disebut wajib haji jeung umroh, nyaeta padika atawa katangtuan2 nu kudu dilaksanakeun dina enggoning ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Lamun eta katangtuan2 dirempak (dilanggar), ibadah haji jeung umrohna tetep sah tapi dikudukeun mayar dam.
Wajib haji
- Niat ihrom ti miqat
- mondok atawa mabit di Muzdalifah
- Mondok di Mina
- Ambalang (maledog) jumroh aqabah dina tanggal 10 Dzulhijjah/ poe nahar
- Ambalang (maledog) jumroh anu tilu (Ula, Wustho, jeung aqabah) dina poe tasyrik (11, 12, 13 Dzulhijjah)
- Henteu migawe pagawean nu diharamkeun dina waktu ngalaksanakeun ibadah haji.
Wajib umroh
- Niat ihrom ti miqat
- Henteu migawe pagawean nu diharamkeun dina waktu ngalaksanakeun ibadah haji.
Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: haji, islam, rukun, syarat, umroh, wajib | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 31, 2008
Ibadah Haji
Ibadah haji nyaeta ngahaja datang ka Baetullah pikeun ngalaksanakeun ihrom, wukuf di arofah, thawaf, sa’i, tahalul, jeung amalan manasik sejenna dina mangsa atawa waktu anu geus ditangtukeun. Hukumna wajib keur jalma nu kawasa, sakali saumur hirupna. Pidawuh Allah SWT dina Quran surat Ali Imron (S.3:97) "migawe haji teh mangrupa kawajiban manusa ka Allah, nyeta pikeun jalma2 nu sanggup atawa mampuh pikeun indit ka Baetullah."
Nurutkeun hukumna, ibadah haji aya 2 rupa:
- Haji Wajib, nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji anu munggaran sanggeus cukup syarat ka manehna.
- Haji Sunat, nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji kadua kalina jeung saterusna. Maksudna, ngalaksanakeun ibadah haji sanggeus cupar ibadah haji anu wajib. Kaasup kana haji sunat pikeun haji barudak, sabab tacan cumpon/ mibanda syarat anu sampurna ka eta jalma.
Anapon nurutkeun cara jeung migawena, ibadah haji aya 3 rupa:
- Haji Ifrad, yaeta ngalaksanakeun badah haji leuwih tiheula dina asyharu al-haj (bulan haji) samemeh ngalaksanakeun umroh. Haji Ifrad ieu teu kudu dam.
- Haji Tamattu’, nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji ku jalan ngaheulakeun ibadah umroh. Haji model kieu dikudukeun Dam.
- Haji Qiron, nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh dina hiji niat jeung hiji amalan. Ngalaksanakeun ibadah haji jiga kieu dikudukeun dam.
Ibadah Umroh
Ari ibadah umroh nyaeta datang ka Baetullah pikeun ngalaksanakeun ihrom, thowaf, sa’i, jeung tahalul numutkeun tatacara nu ditangtukeun, tapi waktuna mah henteu ditangtukeun. Hukumna wajib pikeun lalaki atawa awewe sakali saumur hirup saperti haji. Pidawuh Allah SWT dina al-Quran surat al-Baqarah (S.2:196) "sampurnakeun ku anjeun haji jeung umroh, karna Allah."
Rupa-rupa umroh jeung cara ngalaksanakeunana dibedakeun aya 2 rupa:
- Umroh nu dilaksanakeun sawaktu-waktu.
- Umroh nu dilaksanakeun dina rentetan ibadah haji, nyaeta dina bulan-bulan haji (dina miqat zamani haji).
Ditulis dalam islam | Bertanda: haji, islam | 2 Komentar »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 29, 2008
Pangajaran basa Sunda di kelas 3 salah sahiji madrasah aliyah di Sumedang karek diajarkan tahun ieu. Eta ku sabab basa Sunda anu jadi pangajaran mulok mimitina lumangsung dua tahun ka tukang.
Duka alatan naon. Sawares murid usul ka bagian kurikulum jeung kesiswaan sangkan mulok di kelas 3 ulah aya basa Sunda. Cenah mah ganti ku keterampilan atawa nu sejenna. Pokona ulah basa Sunda.
Geuning, pas dikorehan naha maranehna kitu, kalobaan murid nyebutkeun ari nanyakeun nu pakuat-pakait jeung basa Sunda ka batur teh era cenah. Sok digelendeng, ngerakeun urang Sunda teu nyaho basa Sunda. Padahal nu ditanyana ge can karuan bisaeun cenah. Iwal ti eta, “keur jaman kiwari geus sakuduna sanajan di SMA atawa MA disiapkeun murid teh kana kaahlian, boh anu home industry atawa luhur ti eta,” kitu pokna.
Teu lila ti dinya, sakalian evaluasi jeung ngabubarkeun panitia PSB, pupuhu di eta sakola ngayakeun rapat. Saurna teh, khusus keur barudak aliyah di Sumedang, basa Sunda kacida pentingna. Masyarakat moal ningali lulusan MA ti jurusan IPS, IPA, atawa bahasa, tapi ningali aliyahna nu identik jeung kaagamaan. Acara-acara nu sifatna kaagamaan saperti ngajar TPQ, MDA, atawa ngeusian majlis ta’lim, khutbah, mere tausiah, kultum, ngurus mayit jeung sajabana payus tur pantes mun diluluguan ku lulusan MA. Sedengkeun basa nu bakal dipake dina kagiatan2 eta kalobaan make basa Sunda.
“Teu sakedik nu masih keneh ngabasakeun pribados ka diri sorangan, jeung rea deui,” cenah. Malah sempat oge ngaluarkeun kalimah anu matak seuri keur urang nu ngareungeu, matak ambek nu diajak ngobrol. Saurna teh pernah anjeuna kasumpingan mahasiswa bari cumarios, “Abdi teh ngadua kalian ka dieu, kaleresan harita bapa nuju kulem sareng pun bojo.” Jigana pami sanes sepuh tur masagi bakal ditempas, “Nurustunjung sia, naha maneh geus boga pamajikan? Bari na ge iraha teuing aing sare jeung pamajikan maneh, sudi teuing.”
“Ku kituna basa Sunda jadi pangajaran wajib di sakola, sanajan mulok”, kitu sasaurana nalika mutuskeun usulan barudak.
Bener oge. Jadi, kacida teu pantesna lamun urang Sunda embung diajar basa Sunda.
Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: aliyah, cerita, education, kurikulum, madrasah, mulok, sumedang, sunda | 1 Komentar »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 7, 2008
Kalayan lancar taya gangguan nanaon, Saptu (5/7/2008) tabuh 09.00 WIB Don Murdono jeung Taufiq Gunawansyah (DonTop) resmi diistrenan janten pupuhu Sumedang, tegesna Bupati jeung Wakil Bupati Sumedang periode 2008-2013. Acara ngistrenan dua pasangan ieu dina Rapat Paripurna Istimewa DPRD anu diluluguan ku ondangan, diantawisna Bupati/Wali Kota sa-Jawa Barat.
Dina mapag pupuhu Sumedang nu anyar ieu, Gupernur menta sangkan DonTop bisak ngalaksanakeun amanah pikeun ngawangun roda pamarentahan tur pangwangunan, malah mandar kota Sumedang nu kawentar kota Tahu ieu jadi kabupaten paling unggul di Jawa Barat. Komo deui ku pangalaman Don Murdono nu geus mangku Sumedang 5 tahun memehna kalawan bisa ningkatkeun IPM, Sumedang bisa leuwih maju. “Ngan tangtangan masih kaitung cukup beurat, di antarana ku ayana 304 rebu rahayat miskin tina 1,2 yuta rahayat Sumedang. Oge jumlah panganggur anu lobana nyampe kana angka 132 rebu. Ieu kudu diutamakeun ngungkulanana, ” kitu ceuk Heryawan.
sumber: endynews
Wilujeng ka Don Murdono jeung Taufiq Gunawansyah ku diistrenanana janten Bupati jeung Wakil Bupati Sumedang periode 2008-2013. Mudah2an kahontal naon2 nu jadi visi misi kabupaten Sumedang. Nu utama rahayat Sumedang raharja. Wilujeng, pak!
Ditulis dalam pamarentah, sagala aya | Bertanda: bupati, misi, nagara, ngistrenan, sumedang, visi | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 6, 2008
Posting to blogger with Yahoo! mail called by deliver is invalid, yesterday
Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: blogsend, invalid, yahoo | Leave a Comment »