Naha Stadion Persib di Gedebage?
Juli 5, 2011 Kantunkeun Pairan

Stadion Utama Sepakbola Gedebage
Persib Bandung jigana can bisa ngagunakeun Stadion Utama Sepakbola (SUS) Gedebage pikeun laga kandang dina Liga Super Indonesia (LSI) 2011/2012 nu bakal datang. Tihang pancangna oge nembe bade diadegkeun isuk ku Walikota Bandung.
Samemehna pamarentah geus nargetkeun pangwangunan bisa rengse Desember 2011. Nya kitu tea, alatan sabaraha faktor kaasup waragadna, dipastikeun mundur ka tahun 2012.
Sabaraha waragad nu dibutuhkeun keur ngawangun lapangan nu legana 24 hektar eta, teu jadi masalah. Tinggal rempugan sakabeh elemen nu pakuat pakait jeung eta rencana, komo deui apanan Wakil Gubernur Jawa Barat Dede Yusuf teh Duta Persib.
Nu jadi tanda tanya, naha rencana Stadion Persib di Gedebage? Padahal geus kanyahoan ku sarerea, lapang sidolig nu dipake markas Persib ayeuna, ari di tengah kota teh nimbulkeun masalah. SUS Gedebage ayana dekeut ka jalan by pass Sukarno Hatta. Naha henteu di Cinambo, ngarah rada kajero saeutik?
Mun ditalungtik, rencana ngawangun SUS di Gedebage ieu hade pisan. Belah ditueun Cinambo saeutik, aya stadion Ciudad de La Plata de Buenos Aires Argentina, malah ayeuna dipake Copa Amerika 2011. Kamari oge rame di dinya teh duel Samba Brasil lawan Venezuela anu ahirna 0-0.
Matak pantes, gaya maen Persib deukeut-deukeut ka Amerika Latin teh, apanan deukeut ka stadion Ciudad de La Plata de Buenos Aires Argentina.
Hehe…
Bewara nu ngait:
1. Markas Anyar Stadion Persib
2. Pangwangunan Stadion Sepakbola Gedebage Bandung Molor
3. Pemprov Desek Kucurkeun Hibah SUS Gedebage
mamabojong

