Purnama Peuting Katiga

Purnama Peuting Katiga Mangle – Sora jam salendro ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawareh jandelana ngaremplong keneh, ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting katiga. Tengah taun.

Bulan ngaringkang ti beulah wetan, nepungan angkrek pulas bungur nu mangkak lebah juru pakarangan. Aya wanoja dina korsi, handapeun kiceup bentang, handapeun langit anu bangun nabeuh gending nyinglar ulas-ulas mega. Handapeun lenglang nu ngahaleuang. Wanoja ngaderes angin nyecep. Nyeuseup nu lawung. Cahaya jeung sambuang. Kalimah bulan mugurkeun ngungun angkrek bungur, pulas nu ngadadak ngawihkeun dalingding tembang kasmaran lebah peuting katiga.

Read more of this post

Ti dapur UN 2010

Dibantun enggalna wae, kacarioskeun pupuhu di hiji sakola nunjuk dua urang guru anu masih kosong pangalaman di widang ngawas UN. Sae ari maksadna mah, nyaeta pikeun maparin pangalaman ka anjeuna, iwal ti regenerasi ceuk bahasa kerenna mah.

Mung kaleresan eta duanana ditempatkeun di hiji sakola anu sami, padahal dina waktos pembinaan memehna, duanana teu sarumping. Abong meureun kedah aya picarioseun keur tukang usil sapertos sim kuring, eta duanana anu masih atah pangalaman dina dinten kahiji kajadwal ditempatkeun di ruang anu sami. Pokna teh, ceuk nu saurang nalika sumping ka sakola, “Kumaha bu?” Ceuk nu saurang deui, “Lahaula we, neng.”

Na eta mah, barang beres ngabagikeun Lembar jawaban katut lembar soal UN, ceuk nu hiji teh, “Kumaha ieu neng, bingung Ibu mah?” Waleran nu saurangna deui, “Tuh nya Ibu mah.” Eta mah, dadak sakala ray pias, kesang lembut kesang badag kaluar. “Kumaha atuh neng?” cenah. Namung sanes guru upama eleh deet mah. Bari jeung era tur dumareuda, deregdeg si ibu guru nu hiji angkat ka ruang panitia naroskeun cara ngeusian berita acara UN jeung sajabana. Rengse tataros, anjeuna ka ruang kelas deui. Nanging nya kitu geuning, teu cekap sakali tataros teh, dugi ka si ibu guru angkat deui ka ruang panitia naroskeun anu teu aca kahartosna.

“Geuningan kieu”, cenah.

Aya-aya wae, nya! Tapi mun teu ancrub, moal baseuh. Meungpeung aya kasempetan. Ngan asa teungteuingeun anu atah pangalaman teu diajar heula mah. Leres, Lur!

Kuya lapar ngegel Gopar

Dasar kuya! Kitu kira-kira salah sahiji babasan nu diucapkeun, boh ku urang Sunda atawa sabudereunana, nalika manggih kakeuheul ka sasamana, kanu kenal oge sakepeung kanu teu kenal.

Ieu mah di perumnas jatihurip Sumedang, bener-bener nyebut kitu teh pas pisan ka kuya. Pasalna, Maman Suparman alias Gopar, warga di eta lembur digegel kuya jariji tengenna. Ngegelna mani kuat, da dikepes-kepes ge hese leupas. Saking kuatna, nalika leupas tina gegelan kuya kuku jarijinana beulah tur baloboran getih. Ceuk wa Enay mah, tatanggana, pantes we da geuning sanggeusna eta kuya dipeuncit kanyahoan huntuna luhur hiji handap hiji galede tapi jiga gegep. Tapi duka eta ge, boa mah ku useup nu ngait dina sungutna, ceuk Obet.

Eta kuya teh ceuk Roka, istrina, meunang nyetrum ti solokan pangakuan Goparna mah, opat tahun katukang. Tuluy leupas. Ngan ceuk tatangga tukangeun imahna mah dua bulan katukang pernah ningali aya di hareupeun buruanana, teu ditewak da gilaeun ningalina, nepi teu kacaritakeun deui da isukna geus euweuh.

Peutingna memeh kajadian kuya teh datang deui, tuluy we diasupkeun ka balong tatanggana, Edi Mulyadi.

Isuk-isuk wanci haneut moyan, Gopar dek nalian huluna. Nahas keur manehna, kuya kalah ka ngegel. Reuwas jeung ambek, Gopar satekah polah ngaleupaskan jarijina tina gegelan kuya. Saking ku linu, peurih tur loba getih nu kaluar, Gopar nepi ka lemes, malahan sempat pingsan.

Kabeneran warga masih araya keneh di lembur, antukna ibur salembur. Ningali kajadian kitu, tuluy we Gopar teh dibawa ka rumah sakit, komo deui istrina, Roka cakah-cikih jiga nu bingung tur sedih. Ngan jigana di tengah jalan supir nu mawa gopar robah pikiran, duka pedah manehna dek gawe duka alatan naon, nu jelas mah cenah bisi ka rumah sakit mah lila tur matak barabe, tungtungna Gopar dibawa ka klinik Dano.

Abong kudu kitu. Roka mah harita teu milu nganteur salakina. Manehna indit pandeuri make motor jeung tatangga lianna nu rek gawe. Nyalse, da perkiraan rada lila biasana ge di rumah sakit mah. Atuh bari indit teh nyimpang heula ka kolotna Gopar di Karapyak, ngabejaan maksudna mah.

Dasar kuya! Nu digegel kuya dibawa ka klinik Dano, ari pamajikana nyusul ka rumah sakit. Dek asup ka UGD teh harerese deuih da satpamna ketus nyebutkeun keur dipariksa bari manehna teu nyaho aya euweuhna Gopar. Ningali galagat kitu, tatanggana nyieun strategi api-api dek manggihan mantri Wawan nu kabeneran katempo ti luar, atuh satpam teh ngidinan. Tapi memang Gopar mah teu dibawa ka rumah sakit.

Dasar kuya! Pas ditelepon kanu nganteurkeunana, Gopar geus di lembur. Roka ge tuluy balik deui. Ngan orokaya, aya beja kulawarga Gopar nu di karapyak nyusul deuih ka rumah sakit. Ngabodooor, dasar kuya!

Dasar kuya! Dipeuncit siah ku aing! Bismilah, geresel kuya teh dipeuncit, tuluy disate bari balakecrakan, bari ngareuah-reuah deui Gopar nu harita geus rada jagjag milu ulubiung.

Nu nyesa teh ieu we batokna, diarah ku Mang Cacah keur pajangan cenah, da nu sejen-sejena mah dipiceun.

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.