Teu

teu jelas gambarnaTeu rudet alias tokcer di Linux, eta nu pas diangge cepengan keur nu resep Linux.
Teu antaparah, nalika aya nu nawisan modem CDMA Skyspeed MC101, nu ditaroskeun teh tiasa henteuna dianggo dina Linux.
Teu kawaler, mung dina dusna ukur diserat OS windows.
Teu seueur saur, “Urang cobian nya, Kang”, bari tuluy modem dicolokkeun kana komputer. Read more of this post

Tasbeh Digital

tasbeh digitalCaritana musim kueh digital, keur hp maksudna mah. Aya Quran Digital, tarjamah jeung tafsirna, Doa Haji digital ge aya. Ayeuna malah aya Tasbeh digital.

Lamun kataji ngapimilik Tasbeh Digital for mobile? Dijamin awet SAUMUR HIRUP hp urang. HARATIS alias FREE! Tinggal download.

Ku ayana aplikasi ieu, maca tasbeh atawa wirid anu itungan jumlahna ditangtukeun bisa make hp, tur bisa diatur jumlah itunganana. Leuwih ti eta, dina itungan panungtung minus hiji sakuma jumlah anu dipiharep ku urang, hp ngageter tur ngaluarkeun sora.

Nu kabita bade download di PC klik buton di hadap ieu.tasbeh digital

Atawa hoyong file jar-na klik nu ieutasbeh digital.

Pikeun download langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 29932.

Cenah Quran Digital hp oge can gaduh. Sakantenan download ayeuna. Tina PC klik quran digital

Atawa hoyong file jar-na klik quran digital

Atawa langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 960.

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.