mamabojong-sd

for All from Sunda

Arsip untuk ‘intutorial’ Kategori

Tasbeh Digital

Ditulis oleh mamabojong di/pada Oktober 2, 2008

Caritana musim kueh digital, keur hp maksudna mah. Aya Quran Digital, tarjamah jeung tafsirna, Doa Haji digital ge aya. Ayeuna malah aya Tasbeh digital.

Lamun kataji ngapimilik Tasbeh Digital for mobile? Dijamin awet SAUMUR HIRUP hp urang. HARATIS alias FREE! Tinggal download.

Ku ayana aplikasi ieu, maca tasbeh atawa wirid anu itungan jumlahna ditangtukeun bisa make hp, tur bisa diatur jumlah itunganana. Leuwih ti eta, dina itungan panungtung minus hiji sakuma jumlah anu dipiharep ku urang, hp ngageter tur ngaluarkeun sora.

Nu kabita bade download di PC klik di dieu atawa file jar-na klik nu ieu.

Pikeun download langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 29932.

Cenah Quran Digital hp oge can gaduh. Sakantenan download ayeuna. Tina PC klik di dieu atawa file jar-na klik nu ieu atawa langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 960.

Ditulis dalam download, intutorial, islam | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Renaming The Internet with Dot TK

Ditulis oleh mamabojong di/pada September 13, 2008

Dot TKNaha pernah bingung kumaha carana nu enteng pikeun ngabejaan babaturan alamat website anu panjang? Atawa aya nu protes alatan ngirim email anu eusina alamat website nu panjang, nepi ka nu dikirim kudu copy paste alamat URL eta? Dot TK bisa ngubah alamat website kumaha wae jadi ngaran domain anu singket kalawan gampang diinger.

Dot TK nyaeta hasil joint venture Pamarentah Tokelau, hiji nagara di Pasifik Selatan, pausahaan komunikasi nagara eta Teletok, jeung BV Dot TK, hiji pausahaan swasta. Pamarentah Tokelau nunjuk BV Dot TK jadi entitas registrasi eksklusif. BV Dot TK ngajalankeun usaha salaku Dot TK Registry.

Dot TK dikenal alatan mere ngaran domain kalawan HARATIS. Iwal ti eta, lamun daftar keur hiji domain, tuluy ngapimilik make alamat email sorangan, mangka ngabogaan hak bisa narik visitor kana domain eta. HARATIS! Dot TK oge nyayagikeun layanan Manajemen Trafik Dot TK di My Dot TK, sahingga lain wungkul bisa ningali jumlah visitor website, tapi oge asal nagarana.

Malahan, lamun nyieun TiKilink, website urang bakal dioptimalkan pikeun search engine. Antukna visitor bakal nambahan. Fiturna: TiKilink HARATIS!

How do I start?

  • Sign up for one or more Dot TK domain names (email address required)
  • Go to My Dot TK and login with your email address and password
  • Go to TiKinet
  • Create your TiKilink
  • Get more visitors to your website

Read More.

Ditulis dalam Transfer, domain, intutorial | Bertanda: , , | Leave a Comment »