Seren Sumeren Ti Kulawarga Panganten Pameget

Para alim ulama, para kasepuhan, para pajabat, aparat pamaréntahan di ieu wewengkon, dulur-dulur, sobat-sobat, bapa ibu sadaya, wargi-wargi anu sami hadir.

Assalämu ‘alaikum war. wab.

Innal hamdan lilläh, nahmaduhü wa nasta’ïnuhü, wa nastaghfiruh, wa na’udzubillähi min syurüri anfusinä wa sayyiati a’mälinä man yahdillähu falä mudlilla lahu wa man yudllil falä hädiya lahu. Asyhadu an lä Iläha illalläh wa asyhadu anna Muhammadan ‘abduhü wa rosüluh. Allähumma sholli ‘alä sayyidinä wa maulänä Muhammadin SAW, wa ‘alä älihi wa ashhäbihit toyyibïnat töhirïn, alladzïna yujähidüna fï sabïlilläh wa man tabi’a lahum bi ihsänin ilä yaumil qiyämah.

Allähumma ya Alläh, ij’alnä min ‘ibadikal muttaqïn, wa ahli tho’atikal muhibbïn, wa ij’alnä minal ahyä-i marzükïn, ma’al ladzïna an’amta ‘alaihim minan nabiyyïna wash shiddïqïna wa syuhadä-i wash shölihin wa ‘alainä ma’ahum birohmatika yä Arhamar Röhimïn. Amin yä Robbal ‘Älamïn.

Ammä ba’du fa aqülu wa billähit taufiq.

Puji kalih syukur mangga urang sanggakeun ka hadirot Ilahi Robbi anu parantos ngersakeun dina danget ieu, kalawan qada sinareng qadar-Na, urang sadaya tiasa ngariung mungpulung patepung lawung, paamprok jonghok di ieu majlis. Mudah-mudahan sadayana kenging kaberkahan ti Allah SWT. Amin.

Ngawitan acara dilantunkeun ayat suci al-Quran, mudah-mudahan Nurul Quran, cahaya Quran, husus sing nyinaran ieu sohibul maqasid, oge nyaangkeun kana manah urang sadaya anu sami hadir, anu sami ngiring bingah.

Salajengna, sim kuring atas nami pun lanceuk Read more of this post

Amitan dina Walimatul Hajj

Ngawitan cumarios, seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa katika bingahan kana kasumpingan para tamu undangan sadaya anu parantos kersa rurumpaheun ihlas manah wening galih nyumpingan ulemana ieu shohibul makosid, calon tamu Allah. Ngahaturkleun rebu nuhun laksa ketikabingahan da ari kedahna mah ieu teh calon tamu Allah anu nguriling teh, sabab enggke oge di ditu bakal nguriling towaf – towaf teh nguriling. Tah ieu teh kedah, da ieu nu butuhna, ieu calon tamu Allah seja amitan, namung ngawantunkeun diri nguleum ka sadaya anu parantos ngaluangkeun waktos. Hatur nuhun ka sadayana mugia sing janten amal anu dicatet ku Allah swt, amal soleh anu ditampi ku Allah swt. Amin. Read more of this post

Tauhid Ngaronjatkeun Ajen Diri

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rahimakumullah!

Masih keneh karasa hikmah Romadlon anu dina eta bulan urang sadaya ngalaksanakeun ibadah shaum sabulan campleng. Hikmah dina bulan Ramadlon anu masih keneh karasa ku urang lantaran urang diingetan ku kalimah TAUHID anu ti wengi keneh tos dibacakeun kalawan khusyu.

Hubungan antara ibadah shaum jeung kalimah TAUHID dikaitkeun kana katakwaan, anu jadi tujuan tina eta ibadah. Tatapakan katakwaan teu aya lain kajaba kalimah TAUHID. Nyaeta ucapan “Lailäha illallah” anu hartina “teu aya deui anu wajib diibadahan kajaba ngan Allah wungkul”. Salian ti Allah SWT, haram hukumna ku urang diibadahan atawa disembah. Katakwaan mustahil bisa ngabukti dina kahirupan urang lamun teu aya dasar TAUHID.

Read more of this post

Hayu Berjamaah di Masjid

Eling-eling umat Islam
di mana ngupingkeun adan
geura tobat ka pangeran
enggalkeun ka masjid datang

Hayu urang berjamaah
kalakuan ahli sunah
masjid teh tempat ibadah
nu dimulyakeun ku Allah

Sanajan iman diukir
laun-laun jadi kafir
mangka hade geura mikir
enggalkeun ka Allah zikir

Ti Haromain

Alhamdulillah. Sadaya puji kagungan Allah, mung ka anjeun-Na urang muji, nyuhunkeun pitulung, petuduh, katut ampunan. Urang nyalindung ka anjeun-Na tina sagala kajahatan jiwa tur kaawonan paripolah urang. Sing saha anu dipaparin putuduh ku Allah, mangka moal aya hiji jalmi oge anu bakal nyasarkeun atanapi nyilakakeun. Jeung sing saha anu disasarkeun ku Allah, mangka moal aya saurang oge anu bakal maparin pituduh.

Abdi nyakseni yen teu aya deui pangeran anu disembah anging Allah, Anu Maha Esa, tur teu aya sekutu keur anjeun-Na. Abdi oge nyakseni yen Muhammad eta hamba Allah tur utusan-Na.

Berkat rahmat miwah karunia Allah, Anu Maha Suci tur Maha Luhur, alhamdulillah mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Mamabojong wangsul deui sabadana 40 dinten ngalakonan ibadah di haromain (dua tanah suci, Mekah sareng Madinah) pikeun ngalaksanakeun rukun Islam kalima. Seueur pisan kesan religi, sosial, edukasi, sareng lianna anu kaalaman ku mamabojong. Hatur nuhun Gusti kana panggilan Anjeun katut tiasa rengsena nedunan panggilan Anjeun. Sanajan ukur Anjeun anu apal kana nilai amal ibadah tur amal sapopoe sim kuring di tanah haromain, nanging miosna sareng wangsulna sim kuring ka lemah cai ngarupakeun kabungah tur kabagjaan nu teu aya papadana. Mudah-mudahan sadaya amal nu dipilampah sing jadi amal ibadah anu ditempatkeun di sisi Anjeun, Ya Allah. Nuhun Gusti.

Mamabojong oge ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketikabingahan ka wargi-wargi, sobat-sobat, tur sing saha anu kakait sareng lalampahan sim kuring, boh langsung atanapi henteu. Hatur nuhun kana doa katut bantosanana, sahingga mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Jazaakallah khoiron katsiiro.

Teu hilap hapunten anu kasuhun, bilih aya anu kaganggu atanapi janten repot alatan lalampahan mamabojong.

Wilujeng tepang deui. Hayu urang bajoang keur hirup tur kahirupan urang bari teu weleh ningkatkeun amal tur katakwaan urang ka Allah SWT.

Ngalaksanakeun Tahalul

Tahallul nyaeta ngahalalkeun sagala nu diharamkeun salila ihrom kalawan nyukur atawa ngagunting buuk saeutikna tilu lembar buuk. Ngaguntingna mah bisa ku sorangan atawa menta dipangguntingkeun ka batur.

Cara-cara tahalul:

  • Maca basmalah
  • Ngagunting buuk. Keur nu dugul atawa butak cukup ngerik sirah ku peso cukur atawa sakadar ngaliwatkeun peso cukur kana sirahna (formalitas).
  • Maca hamdalah.

Geus kitu mah rengse bae umroh pikeun haji tamattu’, terus mulang ka pamondokan ngaganti pakaian ihrom ku pakean biasa. Tapi pikeun ka jamaah nu ngalaksanakeun haji Ifrod ulah waka ngaganti pakean ihromna, nunggu nuluykeun kana ngalaksanakeun pagawean haji.

Tasbeh Digital

tasbeh digitalCaritana musim kueh digital, keur hp maksudna mah. Aya Quran Digital, tarjamah jeung tafsirna, Doa Haji digital ge aya. Ayeuna malah aya Tasbeh digital.

Lamun kataji ngapimilik Tasbeh Digital for mobile? Dijamin awet SAUMUR HIRUP hp urang. HARATIS alias FREE! Tinggal download.

Ku ayana aplikasi ieu, maca tasbeh atawa wirid anu itungan jumlahna ditangtukeun bisa make hp, tur bisa diatur jumlah itunganana. Leuwih ti eta, dina itungan panungtung minus hiji sakuma jumlah anu dipiharep ku urang, hp ngageter tur ngaluarkeun sora.

Nu kabita bade download di PC klik buton di hadap ieu.tasbeh digital

Atawa hoyong file jar-na klik nu ieutasbeh digital.

Pikeun download langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 29932.

Cenah Quran Digital hp oge can gaduh. Sakantenan download ayeuna. Tina PC klik quran digital

Atawa hoyong file jar-na klik quran digital

Atawa langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 960.

Doa Nyambut Ramadhan

Allahumma sallimnii fii Ramadhan,
wa sallim Ramadhaana lii,
wa sallimhu minnii, mutaqabbalan.

Ya Allah, Ya Hayyu Ya Qayyum,
tepikeun umur abdi kana sasih Ramadhan,
tiasakeun abdi ngalaksanakeun ibadah shaum.

Ya Allah, jantenkeun shaum abdi engkena,
shaumna jalmi2 anu leres2 shaum.
Jantenkeun ibadah2 wengina
sapertos ibadahna jalmi2 nu ngalakonan ibadah wengi.
Jaga sarena abdi Ya Allah,
tina sarena jalmi2 anu laley.
Hapus dosa2 abdi hey Pangeran Nu Murbeng Alam.
Hampura abdi hey Nu Sok Ngahampura tukang nyarieun dosa.

Allahumma inna nas-aluka ridhaka wal jannah
wa na’udzubika min sakhotika wan naar.

Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin

Pidato Rasulullah nyambut Ramadhan

Dina raraga mayunan sasih shiyam 1429H anu kantun dua dinten deui, hayu urang lenyepan sasauran kanjeng Nabi SAW dina ngabageakeun sasih nu agung ieu, Ieu dibiantarakeun ku Anjeuna dina ahir sasih Sya’ban tahun II hijrah Anjeuna dipayuneun kaum muslimin harita.

“He sakabeh umat manusia! Geus datang ka aranjeun bulan anu mulya, bulan anu pinuh ku berkah. Di jero bulan ieu aya hiji peuting anu hargana leuwih ti sarebu bulan, nyaeta malem Laelatul Qadar. Allah SWT geus ngajadikeun puasa ieu wajib hukumna. SIng saha anu nyaketkeun diri ka Allah ku amal-amal kasaean, saperti salat sunat, sidqah sunat, jeung sajabana, mangka saolah2 manehna ngamalkeun ibadah wajib di sanes bulan. Jeung sing saha anu ngamalkeun ibadah wajib, mangka eta saolah2 manehna ngamalkeun 70 fardu di lain sasih shiyam.”

“Bulan ieu teh bulan sabar anu pahalana nyaeta sawarga, jeung bulan anu dianjuerkeun silih tinulungan, jeung bulan anu ditambah rijkina jalma mu’min. Sing saha anu mereka buka shaum di waktu maghrib, bakal meunang ampunan Allah tina dosa2na. Bakal dibebaskeun tina naraka. Bakal meunang pahala saperti pahala anu dibere buka tea, teu dikurangan saeutik oge.”

Para sahabat naros, “Ya Rasulullah, henteu sadaya ti kami tiasa masihan buka shaum?” Rasulullah ngawaler, “Allah bakal masihan pahala ka jalma anu mere buka shaum sanajan ukur ku sahiji korma, atawa saregot cai, atawa saregot susu.”

“Bulan puasa teh bulan anu mimitina turun rahmat, pertengahanana ampunan, jeung panungtungna pembebasan tina naraka. Sing saha anu mere kaentengan ka budak2na (kuli2na), mangka Allah SWT bakal ngahampura dosa jeung ngabebaskeun tina seuneu naraka.”

“Kumargi kitu, lobakeun ku anjeun opat rupa dina bulan Ramadhan. Dua perkara anu ngaridokeun Allah, jeung dua perkara deui anu dibutuhkeun ku urang sarerea. Anapon anu ngaridokeun Allah nyaeta ngalobakeun maca asyhadu an laa ilaaha illallah jeung maca astaghfirullah. Ari anu dua deui, anu paling dibutuhkeun nyaeta nyuhunkeun sawarga jeung nyalindung ka Allah tina naraka.”

“Sing saha anu mere nginum ka jalma anu buka shaum, maka Allah bakal masihan nginum tina talaga Kautsar, anu sakali nginum moal halabhab deui salilalan sampe anjeuna lebet ka sawarga.”

MARHABAN YA RAMADHAN.

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.