Ditulis oleh mamabojong di/pada Januari 18, 2009

Alhamdulillah. Sadaya puji kagungan Allah, mung ka anjeun-Na urang muji, nyuhunkeun pitulung, petuduh, katut ampunan. Urang nyalindung ka anjeun-Na tina sagala kajahatan jiwa tur kaawonan paripolah urang. Sing saha anu dipaparin putuduh ku Allah, mangka moal aya hiji jalmi oge anu bakal nyasarkeun atanapi nyilakakeun. Jeung sing saha anu disasarkeun ku Allah, mangka moal aya saurang oge anu bakal maparin pituduh.
Abdi nyakseni yen teu aya deui pangeran anu disembah anging Allah, Anu Maha Esa, tur teu aya sekutu keur anjeun-Na. Abdi oge nyakseni yen Muhammad eta hamba Allah tur utusan-Na.
Berkat rahmat miwah karunia Allah, Anu Maha Suci tur Maha Luhur, alhamdulillah mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Mamabojong wangsul deui sabadana 40 dinten ngalakonan ibadah di haromain (dua tanah suci, Mekah sareng Madinah) pikeun ngalaksanakeun rukun Islam kalima. Seueur pisan kesan religi, sosial, edukasi, sareng lianna anu kaalaman ku mamabojong. Hatur nuhun Gusti kana panggilan Anjeun katut tiasa rengsena nedunan panggilan Anjeun. Sanajan ukur Anjeun anu apal kana nilai amal ibadah tur amal sapopoe sim kuring di tanah haromain, nanging miosna sareng wangsulna sim kuring ka lemah cai ngarupakeun kabungah tur kabagjaan nu teu aya papadana. Mudah-mudahan sadaya amal nu dipilampah sing jadi amal ibadah anu ditempatkeun di sisi Anjeun, Ya Allah. Nuhun Gusti.
Mamabojong oge ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketikabingahan ka wargi-wargi, sobat-sobat, tur sing saha anu kakait sareng lalampahan sim kuring, boh langsung atanapi henteu. Hatur nuhun kana doa katut bantosanana, sahingga mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Jazaakallah khoiron katsiiro.
Teu hilap hapunten anu kasuhun, bilih aya anu kaganggu atanapi janten repot alatan lalampahan mamabojong.
Wilujeng tepang deui. Hayu urang bajoang keur hirup tur kahirupan urang bari teu weleh ningkatkeun amal tur katakwaan urang ka Allah SWT.
Ditulis dalam haji, sagala aya | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada November 3, 2008
Tahallul nyaeta ngahalalkeun sagala nu diharamkeun salila ihrom kalawan nyukur atawa ngagunting buuk saeutikna tilu lembar buuk. Ngaguntingna mah bisa ku sorangan atawa menta dipangguntingkeun ka batur.
Cara-cara tahalul:
- Maca basmalah
- Ngagunting buuk. Keur nu dugul atawa butak cukup ngerik sirah ku peso cukur atawa sakadar ngaliwatkeun peso cukur kana sirahna (formalitas).
- Maca hamdalah.
Geus kitu mah rengse bae umroh pikeun haji tamattu’, terus mulang ka pamondokan ngaganti pakaian ihrom ku pakean biasa. Tapi pikeun ka jamaah nu ngalaksanakeun haji Ifrod ulah waka ngaganti pakean ihromna, nunggu nuluykeun kana ngalaksanakeun pagawean haji.
Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: haji, islam | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 18, 2008
Sa’i hartina lempangti antara bukit Safa jeung Marwah tujuh balikan dimimitian ti Sofa dipungkas di Marwah. Lalampahan ti Safa ka Marwah diitung sabalikan, kitu deui sabalikna.
Cara2 ngalaksanakeun Sa’i:
- Sanggeus thowaf, reureuh sakeudeung, jeung nginum cai zamzam, kakara ngajugjug ka Sofa. Samemeh prung Sa’i nangtung heula nyanghareup ka Ka’bah ti bukit Sofa bari nganiatan Sa’i.
- Nalika bade naek bukit Sofa maca: Bismillaahir rahmaanir rahiim. Abdau bimaa bada allaahu bihii wa rosuuluh. Innash shofaa wal marwata min sya’aairrillaahi.
- Doa di bukit sofa nalika madep ka Ka’bah: Allaahu akbar, Allaahu akbaru, Allaahu akbaru wa lillaahil hamdu. Allaahu akbaru ‘alaa maa hadaanaa wal hamdulillaahi ‘alaa maa aulaanaa. Laa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariika lahu, lahul mulku wa lahul hamdu yuhyii wa yumiitu bi yadihil khaiir, wa huwa ‘alaa kulli syaein qadiir. Laa ilaaha illallaahu wahdah laa syariika lahu anjaza wa’dahu wa nashara ‘abdahu, wa a’azza jundahu wa hazamal ahzaaba wahdahu. Laa ilaaha illallaahu wa laa na’budu illa iyyaahu mukhlishiina lahud diina wa lau karihal kaafiruun.
- Leumpang antara Sofa jeung Marwah bari terus babacaan: Allaahu akbar, Allaahu akbaru, Allaahu akbaru wa lillaahil hamdu. Laa ilaaha illallaahu shadaqa wa’dahu wa nashara ‘abdahu, wa a’azza jundahu wa hazamal ahzaaba wahdahu. Laa ilaaha illallaahu wa laa na’budu illa iyyaahu mukhlishiina lahud diina wa lau karihal kaafiruun.
- Saban-saban ngaliwatan antara dua pilar nu warnana hejo, jamaah haji lalaki leumpangna nyigcrig (satengah lumpat), tapi keur jamaah awewe mah cukup ku leumpangna rada digancangkeun, bari babacaan: robbigfir warham wa’fu wa takarrom wa tajaawaz ‘ammaa ta’lamu maa laa na’lamu, innaka antallaahul a’azzul akrom.
- Saban-saban rek deukeut ka bukit Sofa jeung Marwah dina jero tujuh balikan Sa’i, hadena terus babacaan (ngadoa).
- Saba’da rengse ngalaksanakeun Sa’i di bukit Marwah, ngadoa bari nyanghareup ka Ka’bah. Doana nurutkeun kahayang urang atawa maca doa ieu: Allaahumma robbanaa taqabbal minna wa ‘afinaa wa’fu ‘anna wa ‘alaa tho’atika wa syukrika a’innaa wa ‘alaa ghoirika laa takilnaa wa ‘alal iimaan wal islamil kaamili jamii’an tawaffanaa wa anta roodlin ‘annaa. Allaahumma irhamnii bi tarkil ma’ashii abadan maa abqaitanii warhamnii an atakallafa maa laa ya’niinii warzuknii husnan nadhori fiimaa yurdliika ‘annii yaa arhamar raahimiin.
Masalah:
- Nyigcrig dina sakabeh balikan Sa’i eta dilepatkeun, sabab teu sakabeh Sa’i kudu nyigcrig. Iwal ti eta, nyigcrig teh pikeun lalaki, eta ge antara dua pilar hejo.
- Pikeun jamaah anu teu kuat n galaksanakeun sa’i lantaran gering atawa teu kuat, meunang ka manehna ditandu atawa make roda.
Ditulis dalam doa, haji, islam | Bertanda: doa, haji, islam | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 11, 2008
Thowaf nyaeta leumpang ngurilingan Baitullah tujuh kuriling kalawan cukup syarat dimimitian ti Hajar Aswad.
Thowaf teh asa 4 rupa:
-
Thawaf qudum, nyaeta thawaf nu dilaksanakeun waktu munggaran datang ka Mekah lamun datangna ka Mekah samemeh wuquf di Arafah
-
Thawaf Ifadhoh, nyaeta nu dilaksanakeun sanggeus wuquf di Arafah. Thawaf ifadhah kaasup rukun haji.
-
Thawaf wada, nyaeta thawaf pamitan, nu dilaksanakeun sanggeus rengse ngalaksanakeun ibadah haji lantaran rek mulang ninggalkeun Mekah.
-
Thawaf tahiyyah, nyaeta thawaf nu disunatkeun dina saban asup ka Masjid al-Haram, gaganti tahiyat masjid.
Cara-cara thawaf
-
Ngamimitian thawaf tina gurat anu lempeng sajajar jeung hajar aswad.
-
Dina rek ngamimitian thawaf kudu nyanghareup ka Hajar Aswad terus nekadkeun niat thawaf bari ngucapkeun:
Bismillaahi Allahu Akbar
-
Leumpang ngalaksanakeun thawaf ngurilingan Ka’bah tujuh kali bari maca:
Subhaanallaahi walhamdulillaahi wa laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar wa laa haula wa laa quwwata illaa billahil ‘aliyyil-’adhiim
-
Saban2 nepi ka Rukun Yamani usahakeun ngangkat jeung nyium leungeun bari maca:
Bismillaahi Allaahu akbar
-
Saban2 antara Rukun Yamani jeung Hajar Aswad maca:
Rabbanaa aatinaa fi ad-dunya hasanah wa fii al-aakhiroti hasanah wa qinaa ‘adzaaba an-naar wa adkhilna al-jannata ma’a al-abror yaa ‘aziizu yaa ghaffar yaa rabba al-’aalamiin
-
Sarengsena thowaf:
-
Salat sunat dua rakaat di tukangeun maqam Ibrahim. Sabada fatihah roka’at kahiji maca surat al-Kafirun, sedang di roka’at kadua maca surat al-Ikhlash.
-
Nginum cai zamzam. Do’ana: Allaahumma inni asaluka ‘ilman naafi’an warizqan waasi’an wasyifaaan min kulli daain wa saqamin birahmatika Ya Arhamarraahimiin.
-
Salat sunat mutlak di Hijr Ismail.
Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: doa, haji, islam | Leave a Comment »
Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 31, 2008
Saperti ibadah mahdhoh lianna, dina ibadah haji oge aya syarat, rukun, jeung wajib.
Syarat haji jeung umroh
Syarat haji jeung umroh teh nyaeta katangtuan nu kudu dipibanda samemehna ku hiji jalma pikeun ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Lamun syarat-syaratna henteu cumpon, keur ummat Islam lesot tina kawajiban ibadah haji jeung umroh (teu diwajibkeun ngalaksanakeun eta dua rupa ibadah). Anapon syarat haji jeung umroh sarua, nyaeta: Islam, baleg (dewasa), akalna sehat, merdeka, jeung istitho’ah (kawasa/ mampuh).
Rukun haji jeung umroh
Ari rukun haji jeung umroh nyaeta padika atawa katangtuan2 nu kudu aya dina enggoning ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Lamun tina salah sahijina eta katangtuan ditinggalkeun, ibadahna teu sah.
Rukun haji:
- Ihrom
- Wukuf di Arofah
- Thowaf
- Sa’i
- Tahallul
- Tartib
Rukun umroh:
- Ihrom
- Thowaf umroh
- Sa’i
- Tahallul
- Tartib
Wajib haji jeung umroh
Anapon nu disebut wajib haji jeung umroh, nyaeta padika atawa katangtuan2 nu kudu dilaksanakeun dina enggoning ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh. Lamun eta katangtuan2 dirempak (dilanggar), ibadah haji jeung umrohna tetep sah tapi dikudukeun mayar dam.
Wajib haji
- Niat ihrom ti miqat
- mondok atawa mabit di Muzdalifah
- Mondok di Mina
- Ambalang (maledog) jumroh aqabah dina tanggal 10 Dzulhijjah/ poe nahar
- Ambalang (maledog) jumroh anu tilu (Ula, Wustho, jeung aqabah) dina poe tasyrik (11, 12, 13 Dzulhijjah)
- Henteu migawe pagawean nu diharamkeun dina waktu ngalaksanakeun ibadah haji.
Wajib umroh
- Niat ihrom ti miqat
- Henteu migawe pagawean nu diharamkeun dina waktu ngalaksanakeun ibadah haji.
Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: haji, islam, rukun, syarat, umroh, wajib | Leave a Comment »