mamabojong-sd

for All from Sunda

Arsip untuk ‘sagala aya’ Kategori

Sosialisasi Pemilu

Ditulis oleh mamabojong di/pada Maret 21, 2009

Ti saprak diangkat jadi anggota KPPS, kuring bingung pikeun sosialisasi pemilu. Sabab, KPPS ngagaduhan tanggel waler anu leuwih pikeun nyosialisasikeun pentingna pemilu keur bangsa katut nagara pikahareupeuna. Tapi, nya kitu, mun hiji jalmi tos kuat kana pamadegan golput, kedah kumaha ngarobahna. Iwal ti eta, kumaha ngarahkeun para pamilih sangkan milih caleg anu pas bari henteu nyalenggorkeun maranehanana ka salah sahiji parpol.

Alhamdulillah, kapendak jawabana tina hutbah Jumat kamari. Sang hotib mimitina mah ngajak jamaah pikeun ngalaksanakeun parentah zikrullah sakumaha nu kaunggel dina al-Quran surat al-Ahzab (S. 33:41). Kalawan nyeueurkeun zikir, ceuk hotib, sanes wungkul bakal dihampura dosa, tapi oge ngahadirkeun hate salawasna caket sareng Kholik Rabbul Alamin. Nabi Muhammad SAW malah mah nyebatkeun yen zikrullah bakal nengtremkeun hate.

Dina hutbah kadua, nyambung sareng parentah zikir, hotib nekenkeun pentingna ngamimitian sagala hal anu hade ku ucapan basmalah. Alkisah, aya hiji istri alatan teu pernah ninggalkeun maca basmalah tiap ngamimitian kagiatan sadidintena, antukna anjeuna leupas tina kajahatan carogena nalika nyilakekeun anjeuna. Tina hutbah kadua ieu, hotib ngasumsikeun yen kalayan maca basmalah teu aya alesan lain kajabi kedah nyukseskeun pemilu 2009.

Satuju lah, kalayan salawasna ngamimitian hiji kagiatan atanapi padamelan naon bae ku maca basmalah, sami hartosna urang sadar yen sagala perkara henteu leupas tina idin tur rido Allah. Upami basmalah ngawiwitan sagala-galana, tangtuna sagala putusan, tindakan, atanapi naon bae ti urang eta dipasrahkeun ka Allah sangkan aya dina perkara anu haq. Insya Allah. Bade nyontreng caleg maca heula basmalah, insya Allah haq, paling henteu urang kenging pangampura lamun lepat milih.

Matur nuwun pa hotib anu tos ngabantos sosialisasi pemilu.

Ditulis dalam sagala aya | Leave a Comment »

Ti Haromain

Ditulis oleh mamabojong di/pada Januari 18, 2009

Alhamdulillah. Sadaya puji kagungan Allah, mung ka anjeun-Na urang muji, nyuhunkeun pitulung, petuduh, katut ampunan. Urang nyalindung ka anjeun-Na tina sagala kajahatan jiwa tur kaawonan paripolah urang. Sing saha anu dipaparin putuduh ku Allah, mangka moal aya hiji jalmi oge anu bakal nyasarkeun atanapi nyilakakeun. Jeung sing saha anu disasarkeun ku Allah, mangka moal aya saurang oge anu bakal maparin pituduh.

Abdi nyakseni yen teu aya deui pangeran anu disembah anging Allah, Anu Maha Esa, tur teu aya sekutu keur anjeun-Na. Abdi oge nyakseni yen Muhammad eta hamba Allah tur utusan-Na.

Berkat rahmat miwah karunia Allah, Anu Maha Suci tur Maha Luhur, alhamdulillah mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Mamabojong wangsul deui sabadana 40 dinten ngalakonan ibadah di haromain (dua tanah suci, Mekah sareng Madinah) pikeun ngalaksanakeun rukun Islam kalima. Seueur pisan kesan religi, sosial, edukasi, sareng lianna anu kaalaman ku mamabojong. Hatur nuhun Gusti kana panggilan Anjeun katut tiasa rengsena nedunan panggilan Anjeun. Sanajan ukur Anjeun anu apal kana nilai amal ibadah tur amal sapopoe sim kuring di tanah haromain, nanging miosna sareng wangsulna sim kuring ka lemah cai ngarupakeun kabungah tur kabagjaan nu teu aya papadana. Mudah-mudahan sadaya amal nu dipilampah sing jadi amal ibadah anu ditempatkeun di sisi Anjeun, Ya Allah. Nuhun Gusti.

Mamabojong oge ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketikabingahan ka wargi-wargi, sobat-sobat, tur sing saha anu kakait sareng lalampahan sim kuring, boh langsung atanapi henteu. Hatur nuhun kana doa katut bantosanana, sahingga mamabojong tiasa wangsul ka lemah cai kalawan salamet tur sehat. Jazaakallah khoiron katsiiro.

Teu hilap hapunten anu kasuhun, bilih aya anu kaganggu atanapi janten repot alatan lalampahan mamabojong.

Wilujeng tepang deui. Hayu urang bajoang keur hirup tur kahirupan urang bari teu weleh ningkatkeun amal tur katakwaan urang ka Allah SWT.

Ditulis dalam haji, sagala aya | Leave a Comment »

Milangkala RI ka 63 jitu

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 17, 2008

Dirgahayu Republik Indonesia anu ka-63.

Dina milangkala kamerdekaan Republik Indonesia ayeuna geus meujeuhna jadi angka 9, sabab 6 jeung 3 tina angka 63 lamun dijumlahkeun jadi 9.

Angka 9 teh angka jitu cenah. ku kituna naon-naon nu dipilampah ku rahayat Indonesia sanggeus milangkala kamerdekaan nu ka-63 ayeuna kudu jitu. Rek bisa ngudag bangsa2 deungeun kumaha lamun urang sakarep insun. Jadi, sagalana kudu jitu.

Ceuk kirata, ari jitu teh hiji tujuan. Hartina, puguh tujuanana bari istiqomah. Rek nyieun sabaraha puluh, ratus, atawa rebu tujuan, angger tujuan pokona hiji, nyaeta nyiptakeun diri urang sarerea sangkan jadi holifah di alam dunya ieu, hususna di Indonesia. Urang jadi holifah di alam dunya ieu teh dina raraga ibadah ka Allah.

Komo deui, milangkala kamerdekaan ayeuna mareng jeung nisfu sya’ban. Ieu pas pisan keur nancebkeun patekadan urang, nyaeta nuju hiji tujuan bari istiqomah. Dina doa nisfu sya’ban ge apan jentre:

Duh Gusti Pangeran abdi, panjangkeun yuswa abdi keur ibadah ka Anjeun.
Duh Gusti Pangeran abdi, seueurkeun rijki abdi anu halal keur ibadah ka Anjeun.
Duh Gusti Pangeran Abdi, tetepkeun iman abdi sangkan salawasna ibadah ka Anjeun.

Tah doa eta ayeuna diucapkeun dina maleman 17 Agustus. Pas jeung milangkala kamerdekaan Republik Indonesia nu ka-63. Asa maenya Indonesia teu jadi maju lamun doa eta lain saukur diucapkeun nurutan batur.

Nu jelas mah kudu jitu. Kudu hiji tujuan. Niatan ibadah dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Indonesia ieu.

Hayu!

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Urang Sunda embung diajar basa Sunda

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 29, 2008

Pangajaran basa Sunda di kelas 3 salah sahiji madrasah aliyah di Sumedang karek diajarkan tahun ieu. Eta ku sabab basa Sunda anu jadi pangajaran mulok mimitina lumangsung dua tahun ka tukang.

Duka alatan naon. Sawares murid usul ka bagian kurikulum jeung kesiswaan sangkan mulok di kelas 3 ulah aya basa Sunda. Cenah mah ganti ku keterampilan atawa nu sejenna. Pokona ulah basa Sunda.

Geuning, pas dikorehan naha maranehna kitu, kalobaan murid nyebutkeun ari nanyakeun nu pakuat-pakait jeung basa Sunda ka batur teh era cenah. Sok digelendeng, ngerakeun urang Sunda teu nyaho basa Sunda. Padahal nu ditanyana ge can karuan bisaeun cenah. Iwal ti eta, “keur jaman kiwari geus sakuduna sanajan di SMA atawa MA disiapkeun murid teh kana kaahlian, boh anu home industry atawa luhur ti eta,” kitu pokna.

Teu lila ti dinya, sakalian evaluasi jeung ngabubarkeun panitia PSB, pupuhu di eta sakola ngayakeun rapat. Saurna teh, khusus keur barudak aliyah di Sumedang, basa Sunda kacida pentingna. Masyarakat moal ningali lulusan MA ti jurusan IPS, IPA, atawa bahasa, tapi ningali aliyahna nu identik jeung kaagamaan. Acara-acara nu sifatna kaagamaan saperti ngajar TPQ, MDA, atawa ngeusian majlis ta’lim, khutbah, mere tausiah, kultum, ngurus mayit jeung sajabana payus tur pantes mun diluluguan ku lulusan MA. Sedengkeun basa nu bakal dipake dina kagiatan2 eta kalobaan make basa Sunda.

“Teu sakedik nu masih keneh ngabasakeun pribados ka diri sorangan, jeung rea deui,” cenah. Malah sempat oge ngaluarkeun kalimah anu matak seuri keur urang nu ngareungeu, matak ambek nu diajak ngobrol. Saurna teh pernah anjeuna kasumpingan mahasiswa bari cumarios, “Abdi teh ngadua kalian ka dieu, kaleresan harita bapa nuju kulem sareng pun bojo.” Jigana pami sanes sepuh tur masagi bakal ditempas, “Nurustunjung sia, naha maneh geus boga pamajikan? Bari na ge iraha teuing aing sare jeung pamajikan maneh, sudi teuing.”

“Ku kituna basa Sunda jadi pangajaran wajib di sakola, sanajan mulok”, kitu sasaurana nalika mutuskeun usulan barudak.

Bener oge. Jadi, kacida teu pantesna lamun urang Sunda embung diajar basa Sunda.

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , , , , , , | 1 Komentar »

DonTop Diistrenan

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 7, 2008

Kalayan lancar taya gangguan nanaon, Saptu (5/7/2008) tabuh 09.00 WIB Don Murdono jeung Taufiq Gunawansyah (DonTop) resmi diistrenan janten pupuhu Sumedang, tegesna Bupati jeung Wakil Bupati Sumedang periode 2008-2013. Acara ngistrenan dua pasangan ieu dina Rapat Paripurna Istimewa DPRD anu diluluguan ku ondangan, diantawisna Bupati/Wali Kota sa-Jawa Barat.

Dina mapag pupuhu Sumedang nu anyar ieu, Gupernur menta sangkan DonTop bisak ngalaksanakeun amanah pikeun ngawangun roda pamarentahan tur pangwangunan, malah mandar kota Sumedang nu kawentar kota Tahu ieu jadi kabupaten paling unggul di Jawa Barat. Komo deui ku pangalaman Don Murdono nu geus mangku Sumedang 5 tahun memehna kalawan bisa ningkatkeun IPM, Sumedang bisa leuwih maju. “Ngan tangtangan masih kaitung cukup beurat, di antarana ku ayana 304 rebu rahayat miskin tina 1,2 yuta rahayat Sumedang. Oge jumlah panganggur anu lobana nyampe kana angka 132 rebu. Ieu kudu diutamakeun ngungkulanana, ” kitu ceuk Heryawan.
sumber: endynews

Wilujeng ka Don Murdono jeung Taufiq Gunawansyah ku diistrenanana janten Bupati jeung Wakil Bupati Sumedang periode 2008-2013. Mudah2an kahontal naon2 nu jadi visi misi kabupaten Sumedang. Nu utama rahayat Sumedang raharja. Wilujeng, pak!

Ditulis dalam pamarentah, sagala aya | Bertanda: , , , , , | Leave a Comment »

Blogsend

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 6, 2008

Posting to blogger with Yahoo! mail called by deliver is invalid, yesterday

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , | Leave a Comment »

Mapag pupuhu Jawa Barat ku Narcosis kana Dzikrullah

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 14, 2008

Di antawis parentah Allah anu kacida praktis pikeun urang midamelna, henteu nganggo bilangan waktu atawa tempat, sanajan ngan ukur diucapkeun ku lambe, nyaeta dzikrullah. Dawuhan Allah swt dina al-Quran surat al-Ahzab (S. 33:41) ditandeskeun:
“Ya ayyuha ‘lladiina aamanuu, udzkurullaha dzikron katsiiroo wa sabbihuu bukrotan wa ashiilaa.” (Hei jalma-jalma anu ariman, kudu dzikir anjeun kalawan nyebat asma Allah, dzikir sasering2na, sareng maca tasbih nalika isuk jeung sore).

Dina emutan sim kuring, teu aya qarinah anu ngalihkeun lafadz amar “udzkur” tina harti wajib kana harti sejen. Sakumaha anu dicarioskeun ku Imam Ibnu Athoillah, yen anjeun poma ulah ninggalkeun dzikir, sabab hate anjeun bakal hadir jeung Allah nalika dzikir. Malah dina al-Quran surat al-ahzab (S. 33:35), ditandeskeun yen pikeun maranehanana Allah nyawiskeun pangampura jeung ganjaran anu gede. Junjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw ngadawuh, “dzikrullah syifaaun al-qalbi” (inget jeung nyebut Allah eta obat anu mustajab keur nyageurkeun panyakit hate).

Ku sabab kitu, ti mulai hudang sare nepi ka rek sare deui, kaasup oge keur sare, salami eta urang tetep emut ka Allah. Tegesna, dzikrullah jangan berhenti selama napas berdenyut, bahkan setiap kali jentung berdenyut kita dzikir kepada Allah.

Insya Allah urang bakal tiasa ngamalkeunana. Sabab naon bentena jeung kacanduan ngaroko, ari dzikrullah henteu nyandu? Faktor hiji jalma narcosis (gumantung) kana obat-obat terlarang sareng miras atawa alitna narcosis kana roko eta alatan 3 hal:
1. bi at-talqin (ku yakin)
2. bi al-adat (jadi kabiasaan)
3. bi at-tamriinaat (daek latihan)

Maka coba dzikrullah ku 3 jalan eta.
Tancebkeun iman anu weweg dina hate, sabab kaluarna tina hate bakal lebet deui kana hate, bari dibiasakeun tur mindeng latihan (badaniyah tur batiniyah).

Dina mapag pupuhu Jawa Barat nu anyar, HADE, hayu urang ngemutan deui dawuhan Nabi Muhammad saw anu diriwayatkeun ku Anas bin Malik: Dzikir ka Allah eta panji-panji kaimanan, pembebas tina sifat munafik, terpelihara tina tipu daya setan, tur kajaga tina seuneu naraka. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

Ditulis dalam islam, psikologi, sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Hade diistrenen di Gedung Merdeka

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 14, 2008

Kalayan lancar tur hidmat, Jumaah (13/6/2008) Ahmad Heriawan jeung Dede Yusuf (Hade) resmi diistrenan janten pupuhu Jawa Barat, tegesna Gupernur jeung Wakil Gupernur Jawa Barat periode 2008-2013, dumasar kana Kepres No 41/P Tahun 2008 anu ditetepkeun ku Presiden SBY ping 27 Mei 2008. Duanana disumpah ku Mendagri Mardiyanto bari tuluy neken berita acara pelantikan katut seren sumeren kalungguhan ti Dani Setiawan – Nu’man Abdul Hakim. Acara ngistrenan eta lumangsung di Gedung Merdeka, Jalan Asia Afrika Bandung.

Dina mapag pupuhu Jawa Barat nu anyar ieu, Mendagri Mardiyanto menta sangkan Hade leuwih ngutamakeun ngungkulan kamiskinan di Provinsi Jawa Barat. “Bisa nyanghareupan sagala masalah nu aya di Jawa Barat bari mayunkeun ngungkulan kamiskinan,” kitu ceuk Mardiyanto. Iwal ti eta oge menta sangkan Hade jadi panyambung antara pamarentah kabupaten/kota jeung pamarentah pusat. Ulah sampe katangen pamarentah pusat jeung daerah sewang-sewangan. “Kuring nyarankeun sabilulungan, sabobot sapihanean jeung pihak DPRD Jabar keur kapentingan rahayat,” ceuk Mendagri.
sumber: http://news.okezone.com

Wilujeng ka Ahmad Heryawan jeung Dede Yusuf (Hade) ku diistrenanana janten Guperner jeung Wakil Gupernur Jawa Barat periode 2008-2013. Mudah2an visi Jawa Barat kahontal (eta ge mun teu robah), nyaeta Jawa Barat kalawan iman jeung taqwa jadi propinsi paling unggul di Indonesia tur mitra pangdeukeutna jeung ibukota nagara tahun 2010. Dua taun deui, pak!

Ditulis dalam pamarentah, sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Iklan, bunuh diri atawa promosi?

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 3, 2008

Iklan teh gampangna mah ngabejaan (dina KBBI disebutkeun yen iklan hartina pemberitahuan). Ceuk ahli bisnis mah advertising (bahasa inggris) anu dina wikipedia dihartikeun a form of of communication that typically attempts to persuade potential customer more of a particular brand of product or service. Meureun maksudna mah hiji bentuk komunikasi anu khas, nyoba-nyoba ngolo potensi langganan kana merek hiji barang atawa jasa.

Mun kitu mah iklan teh dijieun keur ningkatkeun konsumen atawa pasar barang jeung jasa, leuwih kaiket jeung satuhu kana merek. Antukna beja nu dikirim dina iklan leket jeung pangolo kalawan (kuduna meureun) bewara anu saluyu jeung kanyataan.

Sababaraha bulan katukang kuring sempet ngomentaran iklan m3 ngeunaan Rp0,000000…1. Ti dituna mah, jigana ngolo konsumen ngarah pindah kana m3 alatan biaya nelepon relatif murah ngaliwatan iklan eta. Padahal eta mah taktik wungkul, da sabenerna ngalikeun angka jeung Rp0,01 atawa Rp0,000000…1 teu jauh beda, itungan limit 0 ceuk matematika mah pan sarua jeung nol lamun 0-na lain nu ngabagi mah. Naha indosat teu apal nu make m3 teh loba nu palinter, da sakanyaho kuring tisaprak make 2006 m3 identik jeung neter. Matakna kuring asa kasindiran ku eta iklan.

Di Sumedang malah aya spanduk nu eusina LAIN URANG SUMEDANG MEUN CAN MACA RADAR SUMEDANG. Aya kitu dina Quran Haditsna, paling henteu dina Perda Kabupaten Sumedang nu ngawajibkeun atawa nga-muakad-keun maca RADAR SUMEDANG?

Ieu ukur persepsi. Sakapeung bewara nu dibejakeun implisit, ancaman nu nyumput nyalindung dina eusi. Pantes mun tapsiranana beda-beda, ukur bagian tina taktik promosi ngawangun persepsi.

Kusabab ngarupakeun taktik, bisa wae aya nu katarik ku eta iklan. Ngan jigana kalobaan jalma minat kana hiji barang atawa jasa alatan like dislike.

Geus waktuna nyieun iklan make budaya luhur bangsa Indonesia. Lamun iklan ngabobodo rahayat atawa nganggap bodo rahayat, bunuh diri wae eta mah. Leres lur?

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , , , | Leave a Comment »