mamabojong-sd

for All from Sunda

Tulisan terkirim dikaitan (tagged) ‘cerita’

Urang Sunda embung diajar basa Sunda

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 29, 2008

Pangajaran basa Sunda di kelas 3 salah sahiji madrasah aliyah di Sumedang karek diajarkan tahun ieu. Eta ku sabab basa Sunda anu jadi pangajaran mulok mimitina lumangsung dua tahun ka tukang.

Duka alatan naon. Sawares murid usul ka bagian kurikulum jeung kesiswaan sangkan mulok di kelas 3 ulah aya basa Sunda. Cenah mah ganti ku keterampilan atawa nu sejenna. Pokona ulah basa Sunda.

Geuning, pas dikorehan naha maranehna kitu, kalobaan murid nyebutkeun ari nanyakeun nu pakuat-pakait jeung basa Sunda ka batur teh era cenah. Sok digelendeng, ngerakeun urang Sunda teu nyaho basa Sunda. Padahal nu ditanyana ge can karuan bisaeun cenah. Iwal ti eta, “keur jaman kiwari geus sakuduna sanajan di SMA atawa MA disiapkeun murid teh kana kaahlian, boh anu home industry atawa luhur ti eta,” kitu pokna.

Teu lila ti dinya, sakalian evaluasi jeung ngabubarkeun panitia PSB, pupuhu di eta sakola ngayakeun rapat. Saurna teh, khusus keur barudak aliyah di Sumedang, basa Sunda kacida pentingna. Masyarakat moal ningali lulusan MA ti jurusan IPS, IPA, atawa bahasa, tapi ningali aliyahna nu identik jeung kaagamaan. Acara-acara nu sifatna kaagamaan saperti ngajar TPQ, MDA, atawa ngeusian majlis ta’lim, khutbah, mere tausiah, kultum, ngurus mayit jeung sajabana payus tur pantes mun diluluguan ku lulusan MA. Sedengkeun basa nu bakal dipake dina kagiatan2 eta kalobaan make basa Sunda.

“Teu sakedik nu masih keneh ngabasakeun pribados ka diri sorangan, jeung rea deui,” cenah. Malah sempat oge ngaluarkeun kalimah anu matak seuri keur urang nu ngareungeu, matak ambek nu diajak ngobrol. Saurna teh pernah anjeuna kasumpingan mahasiswa bari cumarios, “Abdi teh ngadua kalian ka dieu, kaleresan harita bapa nuju kulem sareng pun bojo.” Jigana pami sanes sepuh tur masagi bakal ditempas, “Nurustunjung sia, naha maneh geus boga pamajikan? Bari na ge iraha teuing aing sare jeung pamajikan maneh, sudi teuing.”

“Ku kituna basa Sunda jadi pangajaran wajib di sakola, sanajan mulok”, kitu sasaurana nalika mutuskeun usulan barudak.

Bener oge. Jadi, kacida teu pantesna lamun urang Sunda embung diajar basa Sunda.

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , , , , , , | 1 Komentar »

Kuya lapar ngegel Gopar

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juni 2, 2008

Dasar kuya! Kitu kira-kira salah sahiji babasan nu diucapkeun, boh ku urang Sunda atawa sabudereunana, nalika manggih kakeuheul ka sasamana, kanu kenal oge sakepeung kanu teu kenal.

Ieu mah di perumnas jatihurip Sumedang, bener-bener nyebut kitu teh pas pisan ka kuya. Pasalna, Maman Suparman alias Gopar, warga di eta lembur digegel kuya jariji tengenna. Ngegelna mani kuat, da dikepes-kepes ge hese leupas. Saking kuatna, nalika leupas tina gegelan kuya kuku jarijinana beulah tur baloboran getih. Ceuk wa Enay mah, tatanggana, pantes we da geuning sanggeusna eta kuya dipeuncit kanyahoan huntuna luhur hiji handap hiji galede tapi jiga gegep. Tapi duka eta ge, boa mah ku useup nu ngait dina sungutna, ceuk Obet.

Eta kuya teh ceuk Roka, istrina, meunang nyetrum ti solokan pangakuan Goparna mah, opat tahun katukang. Tuluy leupas. Ngan ceuk tatangga tukangeun imahna mah dua bulan katukang pernah ningali aya di hareupeun buruanana, teu ditewak da gilaeun ningalina, nepi teu kacaritakeun deui da isukna geus euweuh.

Peutingna memeh kajadian kuya teh datang deui, tuluy we diasupkeun ka balong tatanggana, Edi Mulyadi.

Isuk-isuk wanci haneut moyan, Gopar dek nalian huluna. Nahas keur manehna, kuya kalah ka ngegel. Reuwas jeung ambek, Gopar satekah polah ngaleupaskan jarijina tina gegelan kuya. Saking ku linu, peurih tur loba getih nu kaluar, Gopar nepi ka lemes, malahan sempat pingsan.

Kabeneran warga masih araya keneh di lembur, antukna ibur salembur. Ningali kajadian kitu, tuluy we Gopar teh dibawa ka rumah sakit, komo deui istrina, Roka cakah-cikih jiga nu bingung tur sedih. Ngan jigana di tengah jalan supir nu mawa gopar robah pikiran, duka pedah manehna dek gawe duka alatan naon, nu jelas mah cenah bisi ka rumah sakit mah lila tur matak barabe, tungtungna Gopar dibawa ka klinik Dano.

Abong kudu kitu. Roka mah harita teu milu nganteur salakina. Manehna indit pandeuri make motor jeung tatangga lianna nu rek gawe. Nyalse, da perkiraan rada lila biasana ge di rumah sakit mah. Atuh bari indit teh nyimpang heula ka kolotna Gopar di Karapyak, ngabejaan maksudna mah.

Dasar kuya! Nu digegel kuya dibawa ka klinik Dano, ari pamajikana nyusul ka rumah sakit. Dek asup ka UGD teh harerese deuih da satpamna ketus nyebutkeun keur dipariksa bari manehna teu nyaho aya euweuhna Gopar. Ningali galagat kitu, tatanggana nyieun strategi api-api dek manggihan mantri Wawan nu kabeneran katempo ti luar, atuh satpam teh ngidinan. Tapi memang Gopar mah teu dibawa ka rumah sakit.

Dasar kuya! Pas ditelepon kanu nganteurkeunana, Gopar geus di lembur. Roka ge tuluy balik deui. Ngan orokaya, aya beja kulawarga Gopar nu di karapyak nyusul deuih ka rumah sakit. Ngabodooor, dasar kuya!

Dasar kuya! Dipeuncit siah ku aing! Bismilah, geresel kuya teh dipeuncit, tuluy disate bari balakecrakan, bari ngareuah-reuah deui Gopar nu harita geus rada jagjag milu ulubiung.

Nu nyesa teh ieu we batokna, diarah ku Mang Cacah keur pajangan cenah, da nu sejen-sejena mah dipiceun.

Ditulis dalam cerita, sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »