mamabojong-sd

for All from Sunda

Tulisan terkirim dikaitan (tagged) ‘doa’

Doa Nyambut Ramadhan

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 30, 2008

Allahumma sallimnii fii Ramadhan,
wa sallim Ramadhaana lii,
wa sallimhu minnii, mutaqabbalan.

Ya Allah, Ya Hayyu Ya Qayyum,
tepikeun umur abdi kana sasih Ramadhan,
tiasakeun abdi ngalaksanakeun ibadah shaum.

Ya Allah, jantenkeun shaum abdi engkena,
shaumna jalmi2 anu leres2 shaum.
Jantenkeun ibadah2 wengina
sapertos ibadahna jalmi2 nu ngalakonan ibadah wengi.
Jaga sarena abdi Ya Allah,
tina sarena jalmi2 anu laley.
Hapus dosa2 abdi hey Pangeran Nu Murbeng Alam.
Hampura abdi hey Nu Sok Ngahampura tukang nyarieun dosa.

Allahumma inna nas-aluka ridhaka wal jannah
wa na’udzubika min sakhotika wan naar.

Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin

Ditulis dalam doa, islam | Bertanda: , , | 2 Komentar »

Ngalaksanakeun Sai

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 18, 2008

Sa’i hartina lempangti antara bukit Safa jeung Marwah tujuh balikan dimimitian ti Sofa dipungkas di Marwah. Lalampahan ti Safa ka Marwah diitung sabalikan, kitu deui sabalikna.

Cara2 ngalaksanakeun Sa’i:

  1. Sanggeus thowaf, reureuh sakeudeung, jeung nginum cai zamzam, kakara ngajugjug ka Sofa. Samemeh prung Sa’i nangtung heula nyanghareup ka Ka’bah ti bukit Sofa bari nganiatan Sa’i.
  • Nalika bade naek bukit Sofa maca: Bismillaahir rahmaanir rahiim. Abdau bimaa bada allaahu bihii wa rosuuluh. Innash shofaa wal marwata min sya’aairrillaahi.
  • Doa di bukit sofa nalika madep ka Ka’bah: Allaahu akbar, Allaahu akbaru, Allaahu akbaru wa lillaahil hamdu. Allaahu akbaru ‘alaa maa hadaanaa wal hamdulillaahi ‘alaa maa aulaanaa. Laa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariika lahu, lahul mulku wa lahul hamdu yuhyii wa yumiitu bi yadihil khaiir, wa huwa ‘alaa kulli syaein qadiir. Laa ilaaha illallaahu wahdah laa syariika lahu anjaza wa’dahu wa nashara ‘abdahu, wa a’azza jundahu wa hazamal ahzaaba wahdahu. Laa ilaaha illallaahu wa laa na’budu illa iyyaahu mukhlishiina lahud diina wa lau karihal kaafiruun.
  1. Leumpang antara Sofa jeung Marwah bari terus babacaan: Allaahu akbar, Allaahu akbaru, Allaahu akbaru wa lillaahil hamdu. Laa ilaaha illallaahu shadaqa wa’dahu wa nashara ‘abdahu, wa a’azza jundahu wa hazamal ahzaaba wahdahu. Laa ilaaha illallaahu wa laa na’budu illa iyyaahu mukhlishiina lahud diina wa lau karihal kaafiruun.
  2. Saban-saban ngaliwatan antara dua pilar nu warnana hejo, jamaah haji lalaki leumpangna nyigcrig (satengah lumpat), tapi keur jamaah awewe mah cukup ku leumpangna rada digancangkeun, bari babacaan: robbigfir warham wa’fu wa takarrom wa tajaawaz ‘ammaa ta’lamu maa laa na’lamu, innaka antallaahul a’azzul akrom.
  3. Saban-saban rek deukeut ka bukit Sofa jeung Marwah dina jero tujuh balikan Sa’i, hadena terus babacaan (ngadoa).
  4. Saba’da rengse ngalaksanakeun Sa’i di bukit Marwah, ngadoa bari nyanghareup ka Ka’bah. Doana nurutkeun kahayang urang atawa maca doa ieu: Allaahumma robbanaa taqabbal minna wa ‘afinaa wa’fu ‘anna wa ‘alaa tho’atika wa syukrika a’innaa wa ‘alaa ghoirika laa takilnaa wa ‘alal iimaan wal islamil kaamili jamii’an tawaffanaa wa anta roodlin ‘annaa. Allaahumma irhamnii bi tarkil ma’ashii abadan maa abqaitanii warhamnii an atakallafa maa laa ya’niinii warzuknii husnan nadhori fiimaa yurdliika ‘annii yaa arhamar raahimiin.

Masalah:

  1. Nyigcrig dina sakabeh balikan Sa’i eta dilepatkeun, sabab teu sakabeh Sa’i kudu nyigcrig. Iwal ti eta, nyigcrig teh pikeun lalaki, eta ge antara dua pilar hejo.
  2. Pikeun jamaah anu teu kuat n galaksanakeun sa’i lantaran gering atawa teu kuat, meunang ka manehna ditandu atawa make roda.

Ditulis dalam doa, haji, islam | Bertanda: , , | Leave a Comment »

Milangkala RI ka 63 jitu

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 17, 2008

Dirgahayu Republik Indonesia anu ka-63.

Dina milangkala kamerdekaan Republik Indonesia ayeuna geus meujeuhna jadi angka 9, sabab 6 jeung 3 tina angka 63 lamun dijumlahkeun jadi 9.

Angka 9 teh angka jitu cenah. ku kituna naon-naon nu dipilampah ku rahayat Indonesia sanggeus milangkala kamerdekaan nu ka-63 ayeuna kudu jitu. Rek bisa ngudag bangsa2 deungeun kumaha lamun urang sakarep insun. Jadi, sagalana kudu jitu.

Ceuk kirata, ari jitu teh hiji tujuan. Hartina, puguh tujuanana bari istiqomah. Rek nyieun sabaraha puluh, ratus, atawa rebu tujuan, angger tujuan pokona hiji, nyaeta nyiptakeun diri urang sarerea sangkan jadi holifah di alam dunya ieu, hususna di Indonesia. Urang jadi holifah di alam dunya ieu teh dina raraga ibadah ka Allah.

Komo deui, milangkala kamerdekaan ayeuna mareng jeung nisfu sya’ban. Ieu pas pisan keur nancebkeun patekadan urang, nyaeta nuju hiji tujuan bari istiqomah. Dina doa nisfu sya’ban ge apan jentre:

Duh Gusti Pangeran abdi, panjangkeun yuswa abdi keur ibadah ka Anjeun.
Duh Gusti Pangeran abdi, seueurkeun rijki abdi anu halal keur ibadah ka Anjeun.
Duh Gusti Pangeran Abdi, tetepkeun iman abdi sangkan salawasna ibadah ka Anjeun.

Tah doa eta ayeuna diucapkeun dina maleman 17 Agustus. Pas jeung milangkala kamerdekaan Republik Indonesia nu ka-63. Asa maenya Indonesia teu jadi maju lamun doa eta lain saukur diucapkeun nurutan batur.

Nu jelas mah kudu jitu. Kudu hiji tujuan. Niatan ibadah dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Indonesia ieu.

Hayu!

Ditulis dalam sagala aya | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Ngalaksanakeun Thowaf

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 11, 2008

Thowaf nyaeta leumpang ngurilingan Baitullah tujuh kuriling kalawan cukup syarat dimimitian ti Hajar Aswad.

Thowaf teh asa 4 rupa:

  1. Thawaf qudum, nyaeta thawaf nu dilaksanakeun waktu munggaran datang ka Mekah lamun datangna ka Mekah samemeh wuquf di Arafah

  2. Thawaf Ifadhoh, nyaeta nu dilaksanakeun sanggeus wuquf di Arafah. Thawaf ifadhah kaasup rukun haji.

  3. Thawaf wada, nyaeta thawaf pamitan, nu dilaksanakeun sanggeus rengse ngalaksanakeun ibadah haji lantaran rek mulang ninggalkeun Mekah.

  4. Thawaf tahiyyah, nyaeta thawaf nu disunatkeun dina saban asup ka Masjid al-Haram, gaganti tahiyat masjid.

Cara-cara thawaf

  1. Ngamimitian thawaf tina gurat anu lempeng sajajar jeung hajar aswad.

  2. Dina rek ngamimitian thawaf kudu nyanghareup ka Hajar Aswad terus nekadkeun niat thawaf bari ngucapkeun:

          Bismillaahi Allahu Akbar

  1. Leumpang ngalaksanakeun thawaf ngurilingan Ka’bah tujuh kali bari maca:

          Subhaanallaahi walhamdulillaahi wa laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar wa laa haula wa laa quwwata illaa billahil ‘aliyyil-’adhiim

  1. Saban2 nepi ka Rukun Yamani usahakeun ngangkat jeung nyium leungeun bari maca:

          Bismillaahi Allaahu akbar

  1. Saban2 antara Rukun Yamani jeung Hajar Aswad maca:

          Rabbanaa aatinaa fi ad-dunya hasanah wa fii al-aakhiroti hasanah wa qinaa ‘adzaaba an-naar wa adkhilna al-jannata ma’a al-abror yaa ‘aziizu yaa ghaffar yaa rabba al-’aalamiin

  1. Sarengsena thowaf:

    1. Salat sunat dua rakaat di tukangeun maqam Ibrahim. Sabada fatihah roka’at kahiji maca surat al-Kafirun, sedang di roka’at kadua maca surat al-Ikhlash.

    2. Nginum cai zamzam. Do’ana: Allaahumma inni asaluka ‘ilman naafi’an warizqan waasi’an wasyifaaan min kulli daain wa saqamin birahmatika Ya Arhamarraahimiin.

    3. Salat sunat mutlak di Hijr Ismail.

Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: , , | Leave a Comment »