mamabojong-sd

for All from Sunda

Tulisan terkirim dikaitan (tagged) ‘islam’

Ngalaksanakeun Tahalul

Ditulis oleh mamabojong di/pada November 3, 2008

Tahallul nyaeta ngahalalkeun sagala nu diharamkeun salila ihrom kalawan nyukur atawa ngagunting buuk saeutikna tilu lembar buuk. Ngaguntingna mah bisa ku sorangan atawa menta dipangguntingkeun ka batur.

Cara-cara tahalul:

  • Maca basmalah
  • Ngagunting buuk. Keur nu dugul atawa butak cukup ngerik sirah ku peso cukur atawa sakadar ngaliwatkeun peso cukur kana sirahna (formalitas).
  • Maca hamdalah.

Geus kitu mah rengse bae umroh pikeun haji tamattu’, terus mulang ka pamondokan ngaganti pakaian ihrom ku pakean biasa. Tapi pikeun ka jamaah nu ngalaksanakeun haji Ifrod ulah waka ngaganti pakean ihromna, nunggu nuluykeun kana ngalaksanakeun pagawean haji.

Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: , | Leave a Comment »

Tasbeh Digital

Ditulis oleh mamabojong di/pada Oktober 2, 2008

Caritana musim kueh digital, keur hp maksudna mah. Aya Quran Digital, tarjamah jeung tafsirna, Doa Haji digital ge aya. Ayeuna malah aya Tasbeh digital.

Lamun kataji ngapimilik Tasbeh Digital for mobile? Dijamin awet SAUMUR HIRUP hp urang. HARATIS alias FREE! Tinggal download.

Ku ayana aplikasi ieu, maca tasbeh atawa wirid anu itungan jumlahna ditangtukeun bisa make hp, tur bisa diatur jumlah itunganana. Leuwih ti eta, dina itungan panungtung minus hiji sakuma jumlah anu dipiharep ku urang, hp ngageter tur ngaluarkeun sora.

Nu kabita bade download di PC klik di dieu atawa file jar-na klik nu ieu.

Pikeun download langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 29932.

Cenah Quran Digital hp oge can gaduh. Sakantenan download ayeuna. Tina PC klik di dieu atawa file jar-na klik nu ieu atawa langsung tina hp, buka wap.getjar.com –> quick download –> asupkeun kode download 960.

Ditulis dalam download, intutorial, islam | Bertanda: , , , | Leave a Comment »

Doa Nyambut Ramadhan

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 30, 2008

Allahumma sallimnii fii Ramadhan,
wa sallim Ramadhaana lii,
wa sallimhu minnii, mutaqabbalan.

Ya Allah, Ya Hayyu Ya Qayyum,
tepikeun umur abdi kana sasih Ramadhan,
tiasakeun abdi ngalaksanakeun ibadah shaum.

Ya Allah, jantenkeun shaum abdi engkena,
shaumna jalmi2 anu leres2 shaum.
Jantenkeun ibadah2 wengina
sapertos ibadahna jalmi2 nu ngalakonan ibadah wengi.
Jaga sarena abdi Ya Allah,
tina sarena jalmi2 anu laley.
Hapus dosa2 abdi hey Pangeran Nu Murbeng Alam.
Hampura abdi hey Nu Sok Ngahampura tukang nyarieun dosa.

Allahumma inna nas-aluka ridhaka wal jannah
wa na’udzubika min sakhotika wan naar.

Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin

Ditulis dalam doa, islam | Bertanda: , , | 2 Komentar »

Pidato Rasulullah nyambut Ramadhan

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 30, 2008

Dina raraga mayunan sasih shiyam 1429H anu kantun dua dinten deui, hayu urang lenyepan sasauran kanjeng Nabi SAW dina ngabageakeun sasih nu agung ieu, Ieu dibiantarakeun ku Anjeuna dina ahir sasih Sya’ban tahun II hijrah Anjeuna dipayuneun kaum muslimin harita.

“He sakabeh umat manusia! Geus datang ka aranjeun bulan anu mulya, bulan anu pinuh ku berkah. Di jero bulan ieu aya hiji peuting anu hargana leuwih ti sarebu bulan, nyaeta malem Laelatul Qadar. Allah SWT geus ngajadikeun puasa ieu wajib hukumna. SIng saha anu nyaketkeun diri ka Allah ku amal-amal kasaean, saperti salat sunat, sidqah sunat, jeung sajabana, mangka saolah2 manehna ngamalkeun ibadah wajib di sanes bulan. Jeung sing saha anu ngamalkeun ibadah wajib, mangka eta saolah2 manehna ngamalkeun 70 fardu di lain sasih shiyam.”

“Bulan ieu teh bulan sabar anu pahalana nyaeta sawarga, jeung bulan anu dianjuerkeun silih tinulungan, jeung bulan anu ditambah rijkina jalma mu’min. Sing saha anu mereka buka shaum di waktu maghrib, bakal meunang ampunan Allah tina dosa2na. Bakal dibebaskeun tina naraka. Bakal meunang pahala saperti pahala anu dibere buka tea, teu dikurangan saeutik oge.”

Para sahabat naros, “Ya Rasulullah, henteu sadaya ti kami tiasa masihan buka shaum?” Rasulullah ngawaler, “Allah bakal masihan pahala ka jalma anu mere buka shaum sanajan ukur ku sahiji korma, atawa saregot cai, atawa saregot susu.”

“Bulan puasa teh bulan anu mimitina turun rahmat, pertengahanana ampunan, jeung panungtungna pembebasan tina naraka. Sing saha anu mere kaentengan ka budak2na (kuli2na), mangka Allah SWT bakal ngahampura dosa jeung ngabebaskeun tina seuneu naraka.”

“Kumargi kitu, lobakeun ku anjeun opat rupa dina bulan Ramadhan. Dua perkara anu ngaridokeun Allah, jeung dua perkara deui anu dibutuhkeun ku urang sarerea. Anapon anu ngaridokeun Allah nyaeta ngalobakeun maca asyhadu an laa ilaaha illallah jeung maca astaghfirullah. Ari anu dua deui, anu paling dibutuhkeun nyaeta nyuhunkeun sawarga jeung nyalindung ka Allah tina naraka.”

“Sing saha anu mere nginum ka jalma anu buka shaum, maka Allah bakal masihan nginum tina talaga Kautsar, anu sakali nginum moal halabhab deui salilalan sampe anjeuna lebet ka sawarga.”

MARHABAN YA RAMADHAN.

Ditulis dalam islam | Bertanda: , | Leave a Comment »

Marhaban Sasih Nu Agung Tur Mulia

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 30, 2008

Bagja temen, dua dinten deui urang bakal mayunan sasih Shaum, sasih anu agung tur mulya. Mudah2an urang tiasa ditepangkeun sareng tamu anu datang eta, anu pinuh ku kaberkahan. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.

Geus jadi kawajiban keur urang shaum Ramadhan. Kumargi kutu, hayu urang sambut bulan Ramadhan. Marhaban Ya Ramadhan wa ahlan jaa-a’ syahru shiyam bil barakat.

Teu hilap, sim kuring neda hapunten tina samudaya kalepatan, lahir sinareng batin. Rumaos, abdi mah loba salah, lumokot ku dosa.

Ditulis dalam islam | Bertanda: , | Leave a Comment »

Marhaban Ya Ramadhan

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 30, 2008

Dua hari lagi kita masuk bulan Ramadhan, bulan yang agung dan mulia. Mudah2an kita dipertemukan oleh Allah SWT dengan bulan yang penuh keberkahan ini. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

Karena itu, tiada kata yang pantas diucapkan untuk menyambut bulan Ramadhan. Marhaban Ya Ramadhan wa ahlan jaa-a’ syahru shiyam bil barakat.

Untuk kesucian diri dan kekhusyukan beribadah di bulan Ramadhan, walau tanpa berjabat tangan, walau tanpa bertatap muka, karena manusia tak pernah luput dari khilaf dan salah, tidak mustahil berbuat dosa, maka maaf lahir dan batin. Semoga Ramadhan 1429H nanti bermakna bagi kita. Amin

Ditulis dalam islam | Bertanda: , | Leave a Comment »

Ngalaksanakeun Sai

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 18, 2008

Sa’i hartina lempangti antara bukit Safa jeung Marwah tujuh balikan dimimitian ti Sofa dipungkas di Marwah. Lalampahan ti Safa ka Marwah diitung sabalikan, kitu deui sabalikna.

Cara2 ngalaksanakeun Sa’i:

  1. Sanggeus thowaf, reureuh sakeudeung, jeung nginum cai zamzam, kakara ngajugjug ka Sofa. Samemeh prung Sa’i nangtung heula nyanghareup ka Ka’bah ti bukit Sofa bari nganiatan Sa’i.
  • Nalika bade naek bukit Sofa maca: Bismillaahir rahmaanir rahiim. Abdau bimaa bada allaahu bihii wa rosuuluh. Innash shofaa wal marwata min sya’aairrillaahi.
  • Doa di bukit sofa nalika madep ka Ka’bah: Allaahu akbar, Allaahu akbaru, Allaahu akbaru wa lillaahil hamdu. Allaahu akbaru ‘alaa maa hadaanaa wal hamdulillaahi ‘alaa maa aulaanaa. Laa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariika lahu, lahul mulku wa lahul hamdu yuhyii wa yumiitu bi yadihil khaiir, wa huwa ‘alaa kulli syaein qadiir. Laa ilaaha illallaahu wahdah laa syariika lahu anjaza wa’dahu wa nashara ‘abdahu, wa a’azza jundahu wa hazamal ahzaaba wahdahu. Laa ilaaha illallaahu wa laa na’budu illa iyyaahu mukhlishiina lahud diina wa lau karihal kaafiruun.
  1. Leumpang antara Sofa jeung Marwah bari terus babacaan: Allaahu akbar, Allaahu akbaru, Allaahu akbaru wa lillaahil hamdu. Laa ilaaha illallaahu shadaqa wa’dahu wa nashara ‘abdahu, wa a’azza jundahu wa hazamal ahzaaba wahdahu. Laa ilaaha illallaahu wa laa na’budu illa iyyaahu mukhlishiina lahud diina wa lau karihal kaafiruun.
  2. Saban-saban ngaliwatan antara dua pilar nu warnana hejo, jamaah haji lalaki leumpangna nyigcrig (satengah lumpat), tapi keur jamaah awewe mah cukup ku leumpangna rada digancangkeun, bari babacaan: robbigfir warham wa’fu wa takarrom wa tajaawaz ‘ammaa ta’lamu maa laa na’lamu, innaka antallaahul a’azzul akrom.
  3. Saban-saban rek deukeut ka bukit Sofa jeung Marwah dina jero tujuh balikan Sa’i, hadena terus babacaan (ngadoa).
  4. Saba’da rengse ngalaksanakeun Sa’i di bukit Marwah, ngadoa bari nyanghareup ka Ka’bah. Doana nurutkeun kahayang urang atawa maca doa ieu: Allaahumma robbanaa taqabbal minna wa ‘afinaa wa’fu ‘anna wa ‘alaa tho’atika wa syukrika a’innaa wa ‘alaa ghoirika laa takilnaa wa ‘alal iimaan wal islamil kaamili jamii’an tawaffanaa wa anta roodlin ‘annaa. Allaahumma irhamnii bi tarkil ma’ashii abadan maa abqaitanii warhamnii an atakallafa maa laa ya’niinii warzuknii husnan nadhori fiimaa yurdliika ‘annii yaa arhamar raahimiin.

Masalah:

  1. Nyigcrig dina sakabeh balikan Sa’i eta dilepatkeun, sabab teu sakabeh Sa’i kudu nyigcrig. Iwal ti eta, nyigcrig teh pikeun lalaki, eta ge antara dua pilar hejo.
  2. Pikeun jamaah anu teu kuat n galaksanakeun sa’i lantaran gering atawa teu kuat, meunang ka manehna ditandu atawa make roda.

Ditulis dalam doa, haji, islam | Bertanda: , , | Leave a Comment »

Ngalaksanakeun Thowaf

Ditulis oleh mamabojong di/pada Agustus 11, 2008

Thowaf nyaeta leumpang ngurilingan Baitullah tujuh kuriling kalawan cukup syarat dimimitian ti Hajar Aswad.

Thowaf teh asa 4 rupa:

  1. Thawaf qudum, nyaeta thawaf nu dilaksanakeun waktu munggaran datang ka Mekah lamun datangna ka Mekah samemeh wuquf di Arafah

  2. Thawaf Ifadhoh, nyaeta nu dilaksanakeun sanggeus wuquf di Arafah. Thawaf ifadhah kaasup rukun haji.

  3. Thawaf wada, nyaeta thawaf pamitan, nu dilaksanakeun sanggeus rengse ngalaksanakeun ibadah haji lantaran rek mulang ninggalkeun Mekah.

  4. Thawaf tahiyyah, nyaeta thawaf nu disunatkeun dina saban asup ka Masjid al-Haram, gaganti tahiyat masjid.

Cara-cara thawaf

  1. Ngamimitian thawaf tina gurat anu lempeng sajajar jeung hajar aswad.

  2. Dina rek ngamimitian thawaf kudu nyanghareup ka Hajar Aswad terus nekadkeun niat thawaf bari ngucapkeun:

          Bismillaahi Allahu Akbar

  1. Leumpang ngalaksanakeun thawaf ngurilingan Ka’bah tujuh kali bari maca:

          Subhaanallaahi walhamdulillaahi wa laa ilaaha illallaahu wallaahu akbar wa laa haula wa laa quwwata illaa billahil ‘aliyyil-’adhiim

  1. Saban2 nepi ka Rukun Yamani usahakeun ngangkat jeung nyium leungeun bari maca:

          Bismillaahi Allaahu akbar

  1. Saban2 antara Rukun Yamani jeung Hajar Aswad maca:

          Rabbanaa aatinaa fi ad-dunya hasanah wa fii al-aakhiroti hasanah wa qinaa ‘adzaaba an-naar wa adkhilna al-jannata ma’a al-abror yaa ‘aziizu yaa ghaffar yaa rabba al-’aalamiin

  1. Sarengsena thowaf:

    1. Salat sunat dua rakaat di tukangeun maqam Ibrahim. Sabada fatihah roka’at kahiji maca surat al-Kafirun, sedang di roka’at kadua maca surat al-Ikhlash.

    2. Nginum cai zamzam. Do’ana: Allaahumma inni asaluka ‘ilman naafi’an warizqan waasi’an wasyifaaan min kulli daain wa saqamin birahmatika Ya Arhamarraahimiin.

    3. Salat sunat mutlak di Hijr Ismail.

Ditulis dalam haji, islam | Bertanda: , , | Leave a Comment »

Ngalaksanakeun Ihrom

Ditulis oleh mamabojong di/pada Juli 31, 2008

Ihrom teh maksudna niat ngalaksanakeun ibadah haji atawa umroh make pakean ihrom. "Saenyana sagala amal ibadah teh sah ku niat." (Riwayat Bukhari). Anapon pakean ihrom nyaeta:

  • Keur lalaki make dua lembar lawon anu teu dikaput, pangpangna lawon bodas. Nu salambar disarungkeun, nu salambar deui disolendangkeun dina kiwa sedengkeun taktak nu tengen katembong.
  • Keur awewe make papakean anu ngabunian sareket awak, iwal ti beungeut jeung dampal leungeun katut tonggong leungeun.

Ngalaksanakeun ihrom teh ti miqat, nyaeta tempat anu ditangtukeun (miqat makani) jeung waktu anu tangtu (miqat zamani).

  1. Miqat zamani atawa katangtuan waktu pikeun ngalaksanakeun ibadah haji jeung umroh nyaeta ti tanggal 1 syawal nepi ka kaluar fajar tanggal 10 Dzulhijjah (dua bulan salapan setengah poe). Pidawoh Allah dina Quran surat al-Baqarah (S.2:197) "al-hajju asyhurun ma’luumaatun." Tafsir ma’lumat nurut kana atsar Ibnu Umar, "bulan haji teh nyaeta bulan syawal, dzulqaidah, jeung sapuluh poe bulan dzulhijjah." (Riwayat Bukhari).
  2. Miqat makani atawa katangtuan tempat pikeun ngamimitian niat ibadah haji jeung umroh, nyaeta:
  • Mekah, pikeun jalma nu cicing di Mekah. Maksudna anu cicing di Mekah atawa nu ngalaksanakeun haji Tamattu, miqatna ti tempat panginepanana.
  • Zulhulaifah atawa disebut Bir Ali, pikeun anu datang ti Madinah jeung nagara2 sajajar jeung Madinah. Jamaah haji Indonesia Gelombang I nu sacundukan ka Jeddah terus langsung ka Madinah, miqatna ti dieu.
  • Juhfah atawa ayeuna mah Robigh, pikeun nu datang ti beulah Syam, Mesir, Maghribi, jeung nagara2 nu sajajar jeung eta.
  • Yulamlam, pikeun nu datang ti beulah Yaman, India, Indonesia, jeung nagara2 anu sajalan jeung eta. Jamaah haji Indonesia Gelombang II nu sacundukan ka Jeddah tuluy ka Mekkah, miqatna nalika kapal sajajar jeung bukit Yulamlam atawa Qarnu al-manazil. Ngan aya fatwa Ibnu Hajar anu tuluy jadi fatwa MUI, lamun urang datang ti Jeddah, miqatna ti Jeddah.
  • Qarnu, pikeun nu datang ti beulah Najdil Yaman jeung Najdil Hijaz atawa nagara2 nu sajalan jeung eta.
  • Dzatu ‘irqi, pikeun nu datang ti Iraq jeung nagara2 sejen nu sajajaran.
  • Anapon pikeun nu datang ti antara Mekah jeung miqat2 tadi, miqatna ti lemburna masing2.

Cara Ihrom:

  1. Disunatkeun mandi heula, make minyak rambut sarta nyisiran sing rapih, neukteuk heula kuku sarta make seuseungitan.
  2. Nunda pakean biasa, husus make pakean ihrom
  3. Solat sunat ihrom dua rokaat
  4. Ngamimitian ihrom bari ngucapkeun niat ihrom.
  • Niat umroh: "Labbaika Allahumma ‘umrotan" (Nun Gusti abdi nyumponan panyaur Gusti, Ya Allah, seja ngalaksanakeun umroh).
  • Niat haji: "Labbaika Allahumma hajjan" (Nun Gusti abdi nyumponan panyaur Gusti, Ya Allah, seja ngalaksanakeun haji).
  • Niat haji qiran: "Labbaika Allahumma ‘umrotan wa hajjan" (Nun Gusti abdi nyumponan panyaur Gusti, Ya Allah, seja ngalaksanakeun umroh sareng haji).

Nu teu meunang dipigawe salila ihrom

1. keur lalaki

  • teu meunang make pakean nu dikaput
  • teu meunang make sapatu atawa sendal nu nutupan mumuncangan
  • teu meunang nutupan sirah

2. keur awewe

  • teu meunang make kaos leungeun
  • teu meunang ngabunian beungeut/ teu meunang make cadar

3. keur lalaki jeung awewe

  • teu meunang make seuseungitan iwal ti nu dipake samemeh ihrom
  • teu meunang ngeureutan kuku jeung dicukur atawa nyabutan bubuluan nu aya dina awak urang
  • teu meunang moro atawa ngaganggu mana komo maehan sasatoan ku cara naon bae
  • teu meunang kawin jeung ngawinkeun malah teu meunang ngalamar/ nanyaan awewe kalawan niat rek ditikah.

MASALAH

  1. Make papakean ihrom samemeh nepi ka miqat makani henteu disalahkeun lamun henteu matak madorot kana dirina, ngan ulah waka ngedalkeun niat ihromna. Upama geus nepi ka miqat makani, kakara ngedalkeun niat ihromna. Contona, pikeun jamaah haji Gelombang II anu sacundukan ka Jeddah (ukur 35 menit) tuluy ka Mekkah ihramna ti Indonesia, ngan ngedalkeun niatna lamun kapal geus sajajar jeung Yulamlam atawa Qarnu al-manajil.
  2. Lamun ihromna geus ngaliwatan miqat makani, mangka manehna kudu balik deui ka miqat nu ku manehna kaliwatan atawa ka miqat nu leuwih deukeut, tuluy ngedalkeun niat ihramna. Kitu soteh lamun waktu ibadah haji anu rukun masih keneh laluasa waktuna. Tapi lamun geus samporet, sakira-kira lamun manehna balik deui ka miqat pasti kana porotna waktu pikeun ngalaksanakeun rukun haji, mangka hal ieu teu diwajibkeun ka manehna balik deui ka miqat, tuluykeun bae ihromna, tapi ka manehna diwajibkeun dam.
  3. Kitu deui ka jamaah anu teu ngaliwatan miqat makani anu ditangtukeun, nyieun miqatna ngalempengkeun di antara dua miqat anu ditangtukeun, atawa ngira-ngira sapanjang dua marhalah (90 km) ti Mekah.

Ditulis dalam islam | Bertanda: , | Leave a Comment »