Juventus Diadu jeung Real Madrid di Undakan Puncer Liga Champions

Wanci janari leutik ayeuna, baris diayakeun tatandang undakan puncer Liga Champions Éropah. Heueuh, Liga Champions Éropah geus nincak kana undakan puncer deui. Dina ieu undakan baris nepungkeun dua kleub anu kakoncara di wewengkon Éropah nyaéta Juventus anu asalna ti nagri Itali. Ieu kleub bakal ngalawanan kleub anu asalna ti nagri Spanyol nyaéta Real Madrid. Ieu tatandang baris dilumangsungkeun di dayeuh Cardiff anu perenahna di nagri Wales, tegesna di Stadion Cardiff. Read more of this post

Advertisements

Hijian Ukuran Tradisional Sunda

geogebraIeu kaideuan ku patarosan pun anak ngeunaan ukuran anu dawam dipake ku urang Sunda kapungkur, malahan masih diangge ku sawareh urang sunda ayeuna. Saluyu pisan jeung motto mamabojong, nyaeta miara talari anu sae sarta ngadongkar talari anyar anu langkung sae.

Istilah hijian atawa hijian ukuran (basa Indonesia: satuan ukuran) digunakeun pikeun mastikeun kabeneran ukuran atawa minangka harga baku (standar) pikeun ngabandingkeun alat ukur, alat naker, timbangan sarta pikeun nangtayungan kapentingan masarakat. Hijian digunakeun dina rupa-rupa widang élmu pikeun netepkeun rupa-rupa ukuran, rumus sarta data.

Kasapukan katut kagunaan hijian geus ngajalankeun pancén anu penting pisan dina kahirupan manusa ti bihari ka kiwari. Rupa-rupa sistem ukuran geus ilahar digunakeun. Kiwari aya standar anu lumaku sadunya, nyaéta sistem internasional pikeun ukuran, International System (SI), anu ngarupakeun wangunan moderén tina sistem métrik. SI geus diterapkeun di sakuliah dunya. Dina jual beuli, beurat jeung ukuran-ukuran lian mindeng jadi jejer aturan pamaréntah, pikeun ngajamin kaadilan jeung kaatraan. Bureau international des poids et mesures (BIPM) boga pancén ngajamin kasaragaman ukuran sadunya jeung ngajamin kamampuhan napaklacak (traceability) hiji ukuran ka SI. Métrologi ngarupakeun élmu pikeun ngamekarkeun hijian beurat jeung ukuran lianna anu bisa ditarima sacara nasional jeung internasional.

Dina fisika jeung métrologi, hijian ngarupakeun standar pikeun ukar-ukur kuantitas fisis anu merlukeun définisi kalayan jelas supaya boga mangfaat. Réproduksibilitas hasil-hasil ékspérimen penting pisan dina métoda ilmiah. Hiji sistem hijian ukuran anu baku ngagampangkeun hal lieu. Sistem hijian ilmiah ngarupakeun panyampurnaan tina konsép beurat jeung ukuran lian anu mekar bihari pikeun tujuan komérsial.

Sains, élmu medis, sarta élmu teknik mindeng ngagunakeun hijian ukuran anu leuwih gedé atawa leuwih leutik batan anu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Pamilihan hijian ukuran anu taliti bisa ngabantu para panaliti dina méréskeun perkara.

Hijian dina ukuran panjang ku ukuran tina awak Read more of this post

Mapag taun anyar 1435 H

muharram mubarokJorelatna waktu nyerelek teu karasa, ti wanci ka wanci, ti mangsa ka mangsa, beurang diganti peuting, panonpoe diganti bulan. Asa anyar keneh Muharam, kiwari urang tos aya di panungtung sasih Dzulhijjah. Anu hartosna, urang parantos aya di panungtung warsih 1434 H. Pageto urang bakal nincak taun anyar 1435 H.

Sawirahma sareng gantina waktu, ganti tahun, sumangga urang ningkatkeun rasa syukur sareng taqwa urang ka Allah Azza wa Jalla. Yakin dina diri, teu aya hiji waktu nu kaliwat, kajaba di lebetna aya nikmat Ilahi. Ray poe-ray poe, undur minggu datang bulan, tug cunduk ka tungtung taun, taya nu kaliwat di sajeroning eta nikmat Allah salawasna gumelar kana kahirupan urang.

Dina raraga ningkatkeun rasa syukur sareng kataqwaan urang, hayu urang sasarengan bebenah diri ku jalan ngukuhkeun iman sareng ngaweuteuhkeun sumanget pangabdian. Mangga urang tingkatkeun ajen ibadah sareng amaliah urang sangkan bener, luhur tur mulyana ajaran Islam minangka rohmatan lil ’alamin teh ngawujud dina aktivitas kahirupan urang sadidinten.

Salasa enjing, pami diparengkeun panjang yuswa insya Allah urang bakal papendak deui sareng sasih Muharam, sasih kahiji dina kalender hijriyah. Muharam ngarupakeun sasih anu mulya di sisi Allah SWT sakumaha kaunggel dinu al-Quran surat Attaubah (S. 9:36):

إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ فَلاَ تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنْفُسَكُمْ

Saestuna bilangan bulan mungguhing Allah mah aya duawelas bulan, kaunggel dina Kitab Allah dina mangsa Anjeuna ngayugakeun langit katut bumi, ti antarana opat bulan anu mulya. Eta teh (katangtuan) agama anu lempeng, kukituna poma maraneh ulah nganiaya diri pribadi dina bulan eta.

Dinu ayat tadi disebatkeun aya duawelas bulan, maksadna ti mimiti bulan Muharam anu insya Allah bakal dikawitan dinten Salasa nu bade sumping, dugi ka bulan Dzulhijjah anu ayeuna ku urang dirandapan, anu kantun dua dinten deui. Ti antara duawelas bulan eta aya opat bulan anu mulya, nyaeta bulan Zulkaidah, Zulhijjah, Muharram jeung Rajab.

Allah ngamulyakeun bulan Muharram, oge 3 bulan sejena, eta alatan ngapimilik kasucian, anu antukna jadi bulan pinilih. Di antawis wangun kasucian tur kamulyaan opat bulan eta kalebet bulan Muharram, nyaeta kaum muslimin diwagel perang, kajabi kapaksa, lamun diserang kaum kafir. Kaum muslimin oge diwanti-wanti sangkan leuwih waspada dina perkara nebihan laku kaniaya dina eta bulan.

Numutkeun Imam At-Thabari dina nafsirkeun eta ayat ngutip atsar ti Ibnu Abbas r.a. “Allah ngajadikeun bulan-bulan ieu minangka bulan-bulan suci, ngagungkeun kahormatanana tur ngalipetkeun dosa anu dipilampah dina sasih ieu, kitu deui pahala amal soleh dina sasih ieu dilipetkeun.”

Aya hiji hal anu unik dina kalenderisasi Islam. Dina panalungtikan sajarahna, yen hijrah Nabi lumangsung dina sasih Rabiul Awal, sanes Muharram, padahal sapuk yen kalender Islam dumasar kana hijrah Nabi. Kabuktosanana, sasih Muharram minangka pinangan kahiji kanggo mimiti kalender hijriyah.

Saleresna, dina kajadian hijrah ieu Nabi angkat ti Mekah ka Madinah dina dinten Kemis wekasan sasih Safar, anapon kaluar tina tempat panyumputanana di Gua Tsur dina munggaran sasih Rabiul Awal, langkung pasna mah dinten Senen ping 13 September 622.

Harita Sayidina Umar katut sobat-sobatna milih sasih Muharram minangka munggaran taun hijriyah. Ieu alatan aya anggapan dina sasih Muharram Nabi ngagaduhan azam kanggo hijrah, harita Nabi Saw rengse ngalaksanakeun ibadah haji. Iwal ti eta kumargi sasih Muharram kalebet salah sahiji tinu opat sasih haram dina Islam, dimana Allah Swt nyegah peperangan salebeting sasih-sasih eta. Nabi SAW malahan nyebatna “Bulan Allah”, sakumaha sabdana “Sahade-hadena puasa salian ti Ramadan nyaeta puasa di sasih Allah, nyaeta Muharram”. ( Hadist ieu diriwayatkeun ku Imam Muslim dina kitab Shahihya).

Alatan aya azam Nabi, hijrah nu kedal sarengsena ibadah haji, payus tur pantes upami mapag taun anyar 1435 H urang sasarengan nganiatan lengkah di taun anyar ku ngamalkeun kaumuman rengkak polah jamaah haji di tanah suci.

إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ

Paling henteu aya 3 perkara Read more of this post

Nu Gila Bola Diajar Bahasa Arab

Geus saminggu ieu Cak Jahlun jeung babaturanana miluan kursus Basa Arab anu diprogramkan ku pasantrén. Keur nganyahokeun pangabisa santri dina basa Arab, Ustadz Halim nanyaan santri saurang-saurang.

“Cak Jahlun, aya kitab anu judulna La Tahzan. Naon eta hartina?”,tanya Ustadz Halim.

“La Tahzan éta hartosna ulah sedih, Ustadz”, jawab Cak Jahlun.

“Lamun manéh Paijo, naon harti hadits Rasulullah La Taghdhob?”

Paijo némbalan,”Oh éta hartosna ulah ambek.”

“Kuring ogé kungsi nempo aya toko anu ngaranna La Tansa. Naon hartina?”tanya Ustadz Halim bari nunjuk Bejo.

“Pami La Tansa hartosna ulah poho”,jawab Bejo.

Santri-santri saterusna ganti nanya ka Ustadz Halim.

“Lamun La Liga, La Beneamata, La Furia Roja, hartosna naon Ustadz?”tanya Cak Jahlun.

Ustadz Halim jadi bingung. Rarasaana karék harita anjeuna ngadéngé kosakata “ahéng” dina basa Arab.

(disalin tinu Bahasa Arab Aneh)

Tulang Rusuk Lain Hiji

“Sing inget… pamajikan teh awewe. Ari awewe, syare’atna tina tulang rusuk alias tulang iga. Mun dilelempeng matak potong. Diantep bakal bengkok!”

Naha bener tulang rusuk lalaki nu ngajangkelek jadi awewe ukur hiji. Link di handap medar ngeunaan tulang rusuk lalaki hasil panalungtikan salah saurang pamajikan Sekdes. Mangga geura klik nu di handap ieu!

Tulang Rusuk Lain Hiji – www.banyolansunda.com.

Olimpiade Olahraga Tradisional (OOTrad) Padjadjaran Ka-5 Taun 2012

Sakumaha laporan ti Kampung Ciburuan, yen sababaraha poé katukang, di kampus Universitas Padjadjaran (UNPAD) Dipati Ukur dilumangsungkeun kagiatan anu dingaranan Olimpiade Olahraga Tradisional (OOTrad) Padjadjaran V 2012. Ieu acara téh dilumangsungkeun dina poé Ahad ping 4 Nopémber 2012, kalawan anu boga hajatna nyaéta UNPAD sorangan. Sakumaha kagiatan taun-taun saméméhna, dina ieu acara téh dilumangsungkeun pasanggiri rampak kendang, saptatlon, maraton jajangkungan katut maén catur tiluan. Ceuk pupuhu nu hajat, kalawan dicutat ku AntaraNews, ieu kagiatan téh mangrupakeun kagiatan maneuh anu dilumangsungkeun ku UNPAD pikeun ngajaga jeung ngariksa budaya Sunda.

lomba nanggung suluh

Pamilon saptatlon keur ngiluan lomba nanggung suluh

Ieu kagiatan téh diiluan ku wawakil fakultas anu aya di Universitas Padjadjaran, unit kerja katut mitra gawé di sabudeureun UNPAD. Diantara pasanggiri anu dilumangsungkeun, anu raména mah nyaéta pasanggiri saptatlon atawa pasanggiri anu dieusi ku tujuh rupa lomba. Anu ngiluan kana ieu lomba sagrupna antara tujuh nepikeun ka dalapan urang. Lomba-lomba anu diilukeun kana ieu pasanggiri téh nyaéta:

  1. Ngaragaji awi anu dilakonan ku pamilon lalaki. Hasil pamotonganana dibawa pikeun diteundeun di tempat anu anggangna 25 méter, terus balik deui ka tempat asal bari lumpat.
  2. Nyuhun jukut pikeun pamilon lalaki ku jalan ngangkat jukut anu beuratna 25 kilo bari leumpang gancang ka tempat anu jauhna 50 méter.
  3. Ngagandong boboko anu dilakukeun ku pamilon awéwé. Carana ngagandong boboko anu dieusian ku beubeutian kalawan ampegna 15 kilo dibawa ka tempat anu anggangna 50 méter bari leumpang gancang.
  4. Nanggung suluh (pamilon lalaki) anu beuratna 30 kilo kalawan anggangna 50 méter.
  5. Manggul béas (pamilon lalaki) anu beuratna 25 kilo kalawan anggangna 50 méter bari leumpang gancang.
  6. Balap karung pikeun pamilon lalaki jeung éyong pikeun pamilon awéwé anu anggangna 25 méter. Anu diéyongna téh mangrupakeun batu laleutik ku suku sabeulah.
  7. Balap jajangkungan ku pamilon lalaki atawa awéwé anu anggangna 50 méter.

Terus aya ogé balap jajangkungan anu anggangna 2000 méter atawa dua kilo. Ieu lomba bisa diilukan ku lalaki jeung awéwé. Terus ogé lomba catur tiluan kalawan gantian anu katelahna U-Camaintian (Unpad-Catur Main Bertiga Gantian). Dia ahir kagiatan, unggal jawara dilélér hadiah mangrupa piala jeung hadiah séjénna.

Lalajo TV onlen di Speedy TV

Cenah ayeuna usum TV calakan atawa istilahna Smart TV. Pami gaduh komputer atanapi laptop, boh notebook atanapi netbook, atanapi nuju di warnet, ngarah teu repot hoyong lalajo TV mah bika we TV onlen. Komo deui apanan cenah kedah ngagaleuh heula konektorna, nyaeta TV Box.

Tapi teu kitu oge, masing-masing gaduh kaunggulan. Keur lalajo TV bareng plus ngatik kulawarga, salah sawiosna budak urang, husus nu aya patula patali jeung widang internet, nya diperyogikeun Smart TV.

Ieu mah keur sakalian hoyong lalajo TV. Komo deui keur nyanyabaan atanapi kemping, urang lalajo TV onlen weh.

Salah sahiji TV onlen nyaeta SpeedyTV. Kalawan SpeedyTV, urang bisa lalajo langsung TV onlen sakumaha kamampuan modem. Ukur ngaklik LQ keur nu miboga modem lemot (128 Kbps), klik MQ pikeun modem nu lumayan gancang tarikanana (384 Kbps), klik HQ pami modemna bisa beberebetan alias ngacir (512 Kbps).

Ngarah teu panasaran, geura klik gambar di handap ieu:

Seren Sumeren Ti Kulawarga Panganten Pameget

Para alim ulama, para kasepuhan, para pajabat, aparat pamaréntahan di ieu wewengkon, dulur-dulur, sobat-sobat, bapa ibu sadaya, wargi-wargi anu sami hadir.

Assalämu ‘alaikum war. wab.

Innal hamdan lilläh, nahmaduhü wa nasta’ïnuhü, wa nastaghfiruh, wa na’udzubillähi min syurüri anfusinä wa sayyiati a’mälinä man yahdillähu falä mudlilla lahu wa man yudllil falä hädiya lahu. Asyhadu an lä Iläha illalläh wa asyhadu anna Muhammadan ‘abduhü wa rosüluh. Allähumma sholli ‘alä sayyidinä wa maulänä Muhammadin SAW, wa ‘alä älihi wa ashhäbihit toyyibïnat töhirïn, alladzïna yujähidüna fï sabïlilläh wa man tabi’a lahum bi ihsänin ilä yaumil qiyämah.

Allähumma ya Alläh, ij’alnä min ‘ibadikal muttaqïn, wa ahli tho’atikal muhibbïn, wa ij’alnä minal ahyä-i marzükïn, ma’al ladzïna an’amta ‘alaihim minan nabiyyïna wash shiddïqïna wa syuhadä-i wash shölihin wa ‘alainä ma’ahum birohmatika yä Arhamar Röhimïn. Amin yä Robbal ‘Älamïn.

Ammä ba’du fa aqülu wa billähit taufiq.

Puji kalih syukur mangga urang sanggakeun ka hadirot Ilahi Robbi anu parantos ngersakeun dina danget ieu, kalawan qada sinareng qadar-Na, urang sadaya tiasa ngariung mungpulung patepung lawung, paamprok jonghok di ieu majlis. Mudah-mudahan sadayana kenging kaberkahan ti Allah SWT. Amin.

Ngawitan acara dilantunkeun ayat suci al-Quran, mudah-mudahan Nurul Quran, cahaya Quran, husus sing nyinaran ieu sohibul maqasid, oge nyaangkeun kana manah urang sadaya anu sami hadir, anu sami ngiring bingah.

Salajengna, sim kuring atas nami pun lanceuk Read more of this post

Ngamankeun Password

Lain sakali dua kali kapapancenan ngalereskeun akun facebook, twitter, email, atawa nu lianna, alatan teu kabuka. Cenah, salah password atanapi password tos dirobih.

Password (passphrase) atawa kata sandi mun dihartikeun kira-kira kumpulan huruf (A-Z, a-z), angka (0-9), tanda baca (!?,.=-), atawa huruf lian anu teu bisa (atawa susah) ditebak ku batur (intruder sistem atawa jaringan), pikeun ngajaga sangakan jaringan atawa sistem teu bisa dibuka ku batur. Tapi teu kitu oge, teu saeutik nu ngagunakeun password make kecap nu gampang apalna, saperti ngaran tokoh atawa nu gampang ditebak.

Tong boro gampang ditebak, nu ngaran password mah, komo deui jaringan atawa sistem nu dikonci pakuat-pakait jeung hal anu dipikaresep atawa kacida dibutuhkeun ku batur, eta password bakal diulik sangkan katohyan. Bisa oge ngabongkar password alatan kapentingan, politik, ekonomi, atawa ukur iseng. Apanan, sistim operasi komputer anu disebut windows, anu make password keur nginstalna, bari jeung rumit deui passwordna kalawan legalna hiji komputer hiji password, ceuk beja mah loba nu jebol. Read more of this post

%d bloggers like this: