Tauhid Ngaronjatkeun Ajen Diri

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rahimakumullah!

Masih keneh karasa hikmah Romadlon anu dina eta bulan urang sadaya ngalaksanakeun ibadah shaum sabulan campleng. Hikmah dina bulan Ramadlon anu masih keneh karasa ku urang lantaran urang diingetan ku kalimah TAUHID anu ti wengi keneh tos dibacakeun kalawan khusyu.

Hubungan antara ibadah shaum jeung kalimah TAUHID dikaitkeun kana katakwaan, anu jadi tujuan tina eta ibadah. Tatapakan katakwaan teu aya lain kajaba kalimah TAUHID. Nyaeta ucapan “Lailäha illallah” anu hartina “teu aya deui anu wajib diibadahan kajaba ngan Allah wungkul”. Salian ti Allah SWT, haram hukumna ku urang diibadahan atawa disembah. Katakwaan mustahil bisa ngabukti dina kahirupan urang lamun teu aya dasar TAUHID.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohamkumullah!

TAUHID anu bisa jadi dasar katakwaan, tur katakwaan anu bias nganteurkeun kana kahirupan manusa anu pinuh ku pirang-pirang rohmat katut kasalametan. Jadi lamun urang hayang salamet di dunya kiwari, pinuh ku barokah katut rohmat Allah, mangka teu aya deui carana kajaba kudu ngabuktikeun TAUHID dina kahirupan urang. Boh pribadi, kulawarga, komo nagara. Kalinah TAUHID “la iläha illalla” kakara bisa nganteurkeun kana kasalametan hirup lamun geus dilarapkeun dina kahirupan kalawan nyata.

Haram pikeun urang anu geus ngacapkeun “la iläha illallah” pikeun sumembah ka mahluk jeung sajabana. Anu aya jeung anu kudu aya ngan nyembah ka Allah wungkul.

Ari maksud nyembah, eta lain ukur sujud, ruku, tasyahud wungkul, jiga anu ku urang sadaya dilakonan dina solat. Tapi buah tina kecap nyembah, nyaeta TO’AT, PATUH, TUMARIMA, SATIA.

Nyembah ngan ka Allah hartina siap pikeun ta’at, patuh, satia ngan ka Allah wungkul. Ta’at kana sagala parentah Allah pikeun ngaslaksanakeunana. Patuh kana sagala aturan Allah, moal rek patuh kana sagala aturan anu jolna lain ti Allah. Narima kana sagala kaputusan Allah, rek pait jeung peuhuerna, puguhning aria nu amis mah. Sakumaha diuningakeun ku Allah dina surat An-Nisa ayat 65, anu unggelna:
“Demi kalawan robb anjeun, maranehna can sampurna imanna kajaba mun maranehna geus ngajadikeun anjeun (Muhammad) minangka hakim dina urusan maranehna, anu ku maranehna diparebutkeun, tur maranehna tumarima kana sagala kaputusan anjeun”.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat Rahimakumullah!

Teu aya alesan pikeun jalma anu mu-min anu parantos ngucapkeun “Laa Ilaaha Illal Lahu” kajaba kudu tunduk tur narima kana sagala kaputusan ti Allah katut ti Rasul-Na. dina kecap sejen, teu aya hartina ngucapkeun “Laa Ilaaha Illal Lahu” sok sanajan rebuan kali, mun teu ngajadikeun Al-Qur’an katut sunnah Rasul minangka hukum pikeun ngahukuman kahirupan dirina. Jadi kasampurnaan iman hiji jalma, eta ditangtukeun lain ku cara “Laa Ilaaha Illal Lahu” wungkul, tapi ku ayana kasiapan pikeun narima kana hukum Allah. Nyakitu deui dina surat Al-Ahzab ayat 36 Allah ngadawuh, anu unggelna:
“Teu pantes pikeun jalma mu-min, awewe atawa lalaki, dimana Allah jeung Rasul-Na geus nagngtukeun hiji perkara, maranehna masih keneh rek milih hukum anu sejen pikeun ngahukuman urusan maranehna. Sing saha jalma anu ngabantah ka Allah jeung ka Rasul-Na, mangka eta jalma geus bener-bener sasar kalawan pohara jauhna.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat Rahimakumullah!

Aya hiji riwayat ngeunaan bangsa atawa rayat anu geus sieun ku Allah, nepi ka manehna bias hirup tenang, aman jeung sejahtera. Pang-pangna teu wani ngalakukeun kamungkaran. Ceuk paribasa, negeri anu bangsana geus sieun ku Allah mah “sepi paling towong rampog”. Umar bin Khattab, nalika jadi presiden, anjeunna ngahaja ngalang-lang ka satiap desa seja nganyahokeun akhlaq bangsana. Ari anu diuji ku anjeunna lain pajabat atawa budak sakolaan. Tapi hiji budak angon.

Umar bin Khattab nanya ka eta budak, malah maksa sangkan eta budak angon teh bisa ngajual angonanana. Nalika eta budak dipaksa ku Umar sangkan ngajual hiji domba, eta budak angon ngajawab, “Apan Allah mah Maha Uninga” Maksudna, sok sanajan nu bogana teu ningalieun ka manehna lamun tea mah manenhna ngajual domba, Allah mah pasti uninga. Harita keneh Umar ngucapkeun Syukur, bungah boga rahayat akhlakna hade. Nepi ka teu wani curang, padahal dipaksa sangkan curang. Naon sababna eta budak teu wani curang, margi eta budak geus “Sieun ku Allah”.

Jadi, urusan kamungkaran lain urusan gawe, tapi urusan iman. Mun bangsa geus leungiteun kaimanan, pasti bakal migawe mungkar. Sawangsulna, mun geus bener imana, sieun ku Allah, sok sanajan dipaksa moal mungkin ngalakukleun doraka. Dina jaman Umar Bin Khottob, eta lain teu aya paokeun, lain teu aya kasempatan pikeun maok. Ngan teu aya nu rek maokna. Hartina, lain teu aya manusa, ngan manusana geus bener jeung geus sieun ngan ku Allah wungkul. Diurang mah tong boroning di paksa, malah hideng sorangan kana maok teh.

Para ‘aidin Rawuh ‘aidat Rohimakumullah!

Jalaran kitu, ka pamarentah anu keur marentah, ka pamimpin anu keur mingpin, boh pamingpin nu pangluhurna, nyaeta presiden, dugi ka panghandapna, ketua RT, kalebet oge pamingpin rumah tangga, mun hayang leungit kamungkaran, heulakeun bangsa dididik ku kaimanan. Ulah di didik ku kamusyrikan. Memang bangsa Indonesia teh geus lila teuing meunang didikan moral, lain pendididkan moral agama. Ajaran Islam teu dijadikeun dasar pendidikan akhlak, padahal moal aya deui pendidikan moral anu leuwih hade salian ti Islam. Sakali deui ka urang, jeung ka pamarentah, mun hayang akhlak bangsa alus, berantas pendidikan kamusyrikan, tanjeurkeun pendidikan akhlak anu dumasar kana agama Islam.

Mugia Allah maparinan pituduh ka urang sadayana. AMIEN.

Sari Khutbah Idul Fitri1431H di Perumnas Jatihurip Sumedang

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

%d bloggers like this: