Purnama Peuting Katiga

Purnama Peuting Katiga Mangle – Sora jam salendro ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawareh jandelana ngaremplong keneh, ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting katiga. Tengah taun.

Bulan ngaringkang ti beulah wetan, nepungan angkrek pulas bungur nu mangkak lebah juru pakarangan. Aya wanoja dina korsi, handapeun kiceup bentang, handapeun langit anu bangun nabeuh gending nyinglar ulas-ulas mega. Handapeun lenglang nu ngahaleuang. Wanoja ngaderes angin nyecep. Nyeuseup nu lawung. Cahaya jeung sambuang. Kalimah bulan mugurkeun ngungun angkrek bungur, pulas nu ngadadak ngawihkeun dalingding tembang kasmaran lebah peuting katiga.

Wanoja ngarasakeun aya nu milu mangkak lebah jero dadana. Najan teu surti kana basa nu keur lumangsung harita. Rea ungkara jeung wirahma nu teu mibanda sora. Aya nu sosonoan. Silih hontal. Ngahontal rohang-rohang simpe lebah hatena. Aya nu usik jadi igel lebah urat-urat getihna. Ah, mun manehna geus cunduk meureun bakal rea kalimah ngarongheap nepikeun harti saban nu usik. Wanoja gumerentes sorangan.

Wanoja ngarenghap. Namperkeun renghap bulan, renghap angkrek. Nyorangan.

Sinta. Wanoja tea. Buukna nu galing laun katebak angin, lir daun sapakarangan. Siga gugupay. Gugupay ka nu rek jol nedunan jangji anu kungsi kalisankeun. Kitu pisan. Nyorangan di pakarangan. Nganti nu lawas miang. Miang mawa mangpirang harepan, neundeun katineung anu laun-laun rosa jadi kahariwang. Nganti Manehna. Manehna anu nu baris mulang tengah taun ayeuna. Saukur saregang kalimah, anu lima taun katukang dipasrahkeun ku manehna, anu ngagariskeun jirim wanci nu kudu dianti. Sinta nganti pinasti. Peuting ieu. Tina menit kana menit. Moal boa saban detikna oge. Tina detik kana detikna asa anggang. Ngangkleung. Lir meuntasan sagara anu motah.

Sinta ngusap pangdiukan kosong gigireunana. Dina korsi ieu pisan. Korsi anu diajangkeun duaneun. Sinta jeung Manehna salawasna mulan mun pareng bulan purnama. Madungdengkeun kasakten cahaya anu tohaga ngaruntuhkeun wewesen mongkleng. Kalan-kalan ngararampa gumiwang langit, mapandekeun jeung ngemprayna dada sewang-sewang.

Mulang. Mulang. Mulang kana panineungan. Hiji peuting nu sejen. Peuting katiga nu sejen. Lima taun katukang. Nya harita pisan manehna neuteup ku teuteup anu lian ti sasari. Teuteup anu sejen. Anteb. Museur. Tapi geuning kalah ngalahirkeun kelemeng leuweung keueung. Tangkal-tangkal anu rarembet dak dumadak ngolebat jeung halimunna anu mupus saban rarambu, mupus saban jalan. Sakedapan purnama gumeleter. Cahaya paregat tuluy muguran jadi sirung di manana, ngungun pulas bungur.

Mimitina tina korsi. Teuteup eta kiwari bet asa ningker sabudeureun. Jadi teuteup anu leuwih sejen dina implengan. Aheng. Asa nyalingker dina pucuk tihang bandera, anu tambang pangerekna bangun katirisan misono kelebet . Ngintip tina saban daun samoja. Ngeteyep sapanjang pager.

Ah, isarah kalan-kalan sakadar isarah, Sinta mapalerkeun geter anu teu kabaca rusiahna. Tuluy ngimpleng-ngimpleng nu baris ngarongheap lebah panto pager. Meneran dinya pisan. Handapeun neon jalan. Manehna biasana ngajanteng heula. Meungkeut buuk panjangna. Nyekeskeun korek api, nyeungeut roko. Roko bodas. Mentol. Satutasna tilu kali nyerebungkeun haseup, nyurungkeun panto beusi. Sora nu ngageret manjang. Manehna ngalengkah. Kaos hideungna. Calana levisna. Ransel biruna. Tara ka mamana deui. Lempeng muru korsi ieu. Korsi nu kiwari karampa haneut. Lir haneut awak manehna. Peuting ieu mah. Geus diniatan mun geus katenjo rentang-rentang ringkangna manehna, Sinta arek mapag kaluar. Mangnyeungeutkeun rokona. Mangmukaeun panto pager. Arek dikaleng muru korsi. Arek nembongkeun kasono.

Paduduaan. Ukur paduduaan. Silih lawungkeun kalangkang nu dipaparinkeun ku bulan. Saban purnama. Mun paduduaan, Sinta apal, Manehna bakal ngamimitian murak ringkang nu kajuringkangkeun sabulan campleng. Sorana semu gumeleter bangun anu nyidem usum tiris. Haseup rokona nu langgeng nyerebung muput saban kekecapan. Tuluy ngalelebah naon anu keur diguntrengkeun daun kana daun. Ngimpleng-ngimpleng nu diharewoskeun angin. Saeusi pakarangan sok tuluy diwawaas caritana sewang-sewang. Cenah mah tihang bandera miceuceub tangkal samoja. Ari daun migeugeut taneuh. Bet kawas carita anu ngagambarkeun kahirupan. Tara bosen ngabandungan nu tuluy ngamalirkeun gerentes. Ti purnama ka purnama. Manehna salawasna ngasongkeun dunya nu anyar keur Sinta, ngasongkeun sagara jeung parahuna. Balayar. Lalayaran sapanjang peuting, sapanjang purnama..

“Sinta, Bulan tara jalir kana jangjina. Ngan mega kalan-kalan wangkedang memeh usumna.” kitu cek manehna dina geter sora anu sejen. Dina hiji peuting anu sejen tea. Dina teuteupna anu sejen.

Lima taun. Manehna ngiles. Musna. Taya iber atawa beja, estuning simpe. Da kitu carek duanana. Sinta ukur mulasara saban geter anu namper ku jempling. Api-api jempling, saestuna kasono motah ngajaul jadi pucuk-pucuk guligah nu ngaduruk kalbuna. Saban purnama sapanjang lima taun. Sinta ukur nepungan korsi nu molongpong. Dadana asa gorowong. Asa aya ajag nu nu ngagorogotan rohang-rohang dada. Tuluy babaung sapanjang waktu.

Sinta nyirian wanci ku angkrek pulas bungur. Sakadar nandaan mangsa. Satutasna manehna miang. Apan Sinta tuluy dikawinkeun ku kolotna. Kawas carita Siti Nurbaya. Dijodokeun. Teu kungsi amprok heula. Langsung pruk jatukrami. Sakadar tuhu ka sepuh. Taya bogoh atawa geugeut. Estuning taya geter. Teu burung geuning lungsur-langsar rumah tanggana. Kalan-kalan Sinta sok ngahelas mun nyanghareupan salakina. Enya. Salakina teu apaleun nu dipihukumna satemena ukur nyanghareupkeun beungeut. Sedeng atina apan salawasna mungkir ka Manehna. Asa jadi jelema hianat. Ucap jeung lampah ka salakina, pasalia jeung hate. Tapi apan cinta teu bisa dipaksakeun. Najan kitu, Sinta beuki tapis nyumputkeun nu nyangkaruk. Ngayonan anu mikanyaah. Najan kabagjaan ukur semu. Kahirupan lumangsung lir amis jeung maduna. Malah apan geus batian. Nenden. Geus dua taun Sinta jadi indung.

Salakina geus apaleun mun meneran purnama, Sinta sok menta mulang ka imah indungna. Geus rupa-rupa alesan. Najan salakina tara tatanya oge, tara tetelepek. Sinta ngarasa alesan perlu sangkan salakina ngarasa dihargaan, teu asa disapirakeun.

Ukur Indungna anu sok rada rewel mimitina mah. Dina taun-taun munggaran kawin kituna teh. Ari kadieukeuna mah bangun anu geus biasa. Tara owel. Paling menta incuna, Nenden, dibawa. Atuh jadi kawas ritual bulanan tungtungna mah, mulang ka imah indungna teh. Saban bulan purnama salakina leungiteun Sinta. Keur Sinta bulan purnama ukur keur manehna. Taya nu lian.

“Tos wengi, Neng. Mending di lebet geura. Urang tutup-tutupkeun nya. Nembe aya telpon ti ramana Nenden.” saurang wanoja tengah tuwuh. Ngarongheap. Neuteup nu anteng di juru pakarangan. Bet aya kolebat mangkarunyakeun mangsa aya nu mere isarah ku gideug anu laun. Gideug anu lebet ku katineung. Mugurkeun carita nu langgeng nganti lalakon. Gideug nu matak ngarengkog lengkah nu ngadeukeutan.
“Bilih lebet angin, Bibi mah. Mani nyecep kieu.” Bibi ngarapetkeun baju haneutna. Tuluy nyacampah angin.
“Antep we, Sumi. Kawas teu apal kana adatna. Pangmikeunkeun jeket anggur. Moal ngolesed bisi budakna hayang dipepende oge.” sora nu mairan ti jero imah. Indung Sinta.

Bi Sumi ngojengkang deui ka jero. Teu lila geus mawa jeket. Pek diasongkeun ka Sinta. Sinta nampanan. Jeket disimpen dina lahunan.

“Euleuh, mani ngebrak kieu.”

Bi Sumi tanggah. Bulan buleud. Belenong semu perak. Bentang-bentang kumariceup. Tingburicak.

“Asa emut nuju alit di lembur, Neng. Ngabungbang. Arameng sareng kalangkang di buruan. Tetembangan saruka bungah. Ah, ayeuna kari hirup dina panineungan. Panineungan mah ukur panineungan. Kabagjaan anu moal kasorang deui. Janten rus-ras ieu teh.”

Sinta mencrong Bi Sumi anu keur tatanggahan bari nangkeup harigu. Bi Sumi teh anu ngasuh Sinta ti bubudak. Nyaah jeung bela alahbatan ka anak sorangan. Ukur Bi Sumi nu apal kajadian Sinta jeung Manehna. Ukur Bi Sumi anu surti pangna angkrek bungur salawasna aya di juru pakarangan.

“Lima taun, Bi. Korsi ieu taya nu ngeusian.” Sinta ngagerendeng. Jeket ayeuna mah ditatangkeup. Bi Sumi kalah anteng api-api teu ngadenge anu hayang dipairan. Geus lawas hayang ngingetan Sinta, anu teuleum dina carita katineung. Bi Sumi kawas anu ngawahan. Antara panineungan sorangan, jeung kalakuan Sinta anu cek pangrasana mah micinta anu teu samistina. Bi Sumi hayang Sinta buleud ngambah rumah tangga. Ngubur mangsalawas.
“Lima taun, Bibi. Asa karek kamari. Asa geus ratusan taun. Ayeuna bakal cunduk. Tingali kembang mani mangkak kitu, Bi. Bungur siga anggur.” Sinta malikan deui ngeunaan waktu. Geus lain rusiah jang Bi Sumi mah. Taya rusiah anu disumputkeun.
“Bongan kalah ngangantos anu teu karuhan, nu liwat mah, Eneng, keun sina ngaliwat. Keur naon ngangantos, misono anu teu kudu dipisono. Apan Eneng tos sadrah dipasrahkeun ka nu milari. Kembang, Neng, masrahkeun diri kana seungit, warna mah mung pupulasan. Apan kucubung oge bungur.” cek Bi Sumi bari ngareret.
“Purnama ayeuna manehna bakal nedunan janjina, Bi. Bakal ngeusian korsi ieu deui.” Sinta rada kerung ngadenge ucapan Bi Sumi anu kawas nganaha-naha. Padahal salila ieu Bi Sumi tara ieuh baranggeureuh.
“Cek, Bibi mah. Teu aya gunana. Jarak sareng waktu sok ngarobih jalmi, Neng. Mudah-mudahan atuh Eneng ge tiasa robih.”
“Ari Bibi…” Sinta mencrong seukeut. Bi Sumi bet ngaraheutan hatena. “Nganganti lima taun. Nganganti kabagjaan. Pamohalan arek ngagilir.”

Bi Sumi malik neuteup nu mencrong. Teuteup deudeuh. Kagok asong pikirna. Teu hayang nejo Sinta mulang deui kana lalampahan mangsa lawas. Teu narima. Apan Bi Sumi oge anu milu mangaruhan indungna Sinta, lima taun katukang, sangkan gagancangan ngajodokeun sarta ngawinkeun Sinta. Malah mah api-api nyarita katitipan saur ku bapana Sinta nu harita gering parna. Pajar hayang nenjo Sinta lakirabi memeh nepi kana waktuna.

“Purnama ieu saksina, Bi. Asih anu nu pangasihna. Moal jalir kana pasini. Moal hianat kana rasa. Manehna bakal datang deui cara baheula. Di dieu, di korsi ieu. Carita nu pegat bakal tatan-tatan lumampah deui.” Sinta miceun beungeut kana bulan nu beuki luhur. Ningali teuteup Bi Sumi keur Sinta kalah ngaliarkeun deui teuteup nu aheng. Rabeng. Lain teuteup lebah peuting nu sejen tea. Ieu mah aheng jeung seukeut badis matapeso.
“Purnama, Neng. Jang Bibi. Asa nembrak keneh lalakon puluhan taun kapengker. Nuju ngabungbang sarukabungah. Namina oge di lembur. Purnama teh diantos pisan. Ngabungbang janten impian. Samemehna sarerea ngarereka naon anu bakal dilampahkeun handapeun bulan. Hiji purnama, harita pisan, Bibi keur tetembangan. Jol sora pestol tingjaledor. Teu kantos lami aya beja, bapa Bibi tiwas. Na atuh, breg teh gorombolan ngaraksuk lembur. Duka gorombolan duka tentara. Duka lamun garong. Bibi mah teu terang. Nu terang mah, harita sadaya bubar katawuran. Imah-imah diduruk. Bibi anu keur tetembangan kalah ngahuhuleng. Tuluy ceurik. Tagiwur. Ningali imah Bibi ngabebela. Indung Bibi oge teu kapuluk. Purnama ngaduruk sagalana, Neng. Purnama sakadar purnama. ” Bi Sumi laju ngaheruk. Laun ngawih Kembang Tanjung.
“Bibi mah ngarang!” Sinta rada tegeg. Najan kitu Sinta apal Bi Sumi can kungsi bohong. Ngan teu narima lamun purnama jadi isarah sedih, atawa tumpurna hirup jeung harepan. Tumpurna cinta. Keur Sinta purnama hartina Manehna. Taya nu lain.

Bi Sumi humariring. Ngalengis sorangan. Ngalengis keur dirina. Ngalengis keur Sinta. Taya deui kalimah anu bisa dikamalirkeun jang ngageuing Sinta.

“Cek Bibi mah, cekap Nenden janten korban Eneng ngeukeuweuk cinta nu sanes samistina. Apan Eneng harita ngahaja masihan nami eta ka putra Eneng. Naon lepatna pami kanyaah ditamplokeun ka Nenden.” Bi Sumi mungkas obrolan, sabada aya nu nyalukan ti jero imah.
” Bibi….!” Sinta nyereng. Jep jempe. Baeud lain bobohongan.

Bi Sumi nuluykeun humariring bari ngalengkah lungse ka jero imah.

Sinta. Bulan. Angkrek bungur. Langit tambah ngebrak. Pakarangan lir kalang sambuang jeung cahaya. Marakbak.

Laun aya mobil sedan ngarongheap. Eureun meneran panto pager.

Sinta curinghak. Gentak cengkat. Barang nenjo anu turun tina mobil. Nenjo rimbagna. Jeket murag tina tangkeupan. Jol lumpat muru nu anyar turun. Mapagkeun nu keur meungkeut buuk. Sora ngageret. Panto pager muka. Silih teuteup.

“Sinta!”

“Nenden!” jol gabrug wae Sinta ngagabrug anu anyar datang. Namplokkeun kasono ku rangkulan anu pageuh kawas nu hayang liket salalawasna.

Nenden, Manehna tea, ngusapan buuk Sinta. Ngantep anu pogot nangkeup raket. Dina mobil aya anu lampu jerona dicaangkeun aya dua budak buukna parirang nu katenjona kembar sarta saurang lalaki bule anu nyekel setir. Marerong anu silih gabrug.

“Sinta. Kumaha damang?” Nenden ngolesedkeun rangkulan. Neuteup Sinta anu masih geugeut teu bisa nyarita.
“Sinta. Itu kenalkeun. Oleh-oleh ti Amerika.” Nenden semu heureuy.
“Saha, Nen?” Sinta ngarenjag. Mencrong Nenden. Mencrong mobil. Bulak-balik. Cangcaya mekar dina panonna.
“Ari Sinta. Caroge sareng buah hati atuh. Sinta tos kagungan putra?” Nenden seuri nenjo rindat Sinta anu bangun reuwas. Rampang-reumpeung.
“Nen!”Sinta undur-unduran. Tutunjuk ka Nenden anu katenjona hemeng ku kalakuan Sinta.
“Sinta, ku naon?” Nenden ngadeukeutan anu mimiti nyegruk.

Sinta teu nembal. Lumpat muru imah bari hujan cimata. Teu malire Nenden anu ngahuleng lebah pager. Nenden ngarenghap panjang. Cumalimba. Nyusut nu rembes. Masang imut. Malik deui kana mobil. Cacarita ka salakina. Geblus kana mobil. Mobil laju lalaunan ninggalkeun pakarangan. Bulan. Jeung Angkrek bungur.

Sora jam salendro di jero imah heubeul pulas bodas ngelentrung sapuluh kali. Bangun marengan Sinta nu ngagukguk kanyenyerian di hiji kamar. Nganti lima taun saukur, manahoreng saukur nganti matapeso nubles tatu. Nyuuh siraheun budakna anu tibra dina ranjang. Nenden. Nenden anu sejen.

Bi Sumi humariring keneh bari meundeut-meundeutkeun jandela. Sora jam ngahontal pakarangan. Bangun hayang ngelentrung ka alak paul. Hayang ngajaul purnama.

Purnama peuting katiga. Tengah taun. Jam sapuluh peuting. Aya nu mugur katebak angin. Carita cinta nu mikung muguran. Bungur. ***

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

%d bloggers like this: