Mapag taun anyar 1435 H

muharram mubarokJorelatna waktu nyerelek teu karasa, ti wanci ka wanci, ti mangsa ka mangsa, beurang diganti peuting, panonpoe diganti bulan. Asa anyar keneh Muharam, kiwari urang tos aya di panungtung sasih Dzulhijjah. Anu hartosna, urang parantos aya di panungtung warsih 1434 H. Pageto urang bakal nincak taun anyar 1435 H.

Sawirahma sareng gantina waktu, ganti tahun, sumangga urang ningkatkeun rasa syukur sareng taqwa urang ka Allah Azza wa Jalla. Yakin dina diri, teu aya hiji waktu nu kaliwat, kajaba di lebetna aya nikmat Ilahi. Ray poe-ray poe, undur minggu datang bulan, tug cunduk ka tungtung taun, taya nu kaliwat di sajeroning eta nikmat Allah salawasna gumelar kana kahirupan urang.

Dina raraga ningkatkeun rasa syukur sareng kataqwaan urang, hayu urang sasarengan bebenah diri ku jalan ngukuhkeun iman sareng ngaweuteuhkeun sumanget pangabdian. Mangga urang tingkatkeun ajen ibadah sareng amaliah urang sangkan bener, luhur tur mulyana ajaran Islam minangka rohmatan lil ’alamin teh ngawujud dina aktivitas kahirupan urang sadidinten.

Salasa enjing, pami diparengkeun panjang yuswa insya Allah urang bakal papendak deui sareng sasih Muharam, sasih kahiji dina kalender hijriyah. Muharam ngarupakeun sasih anu mulya di sisi Allah SWT sakumaha kaunggel dinu al-Quran surat Attaubah (S. 9:36):

إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ فَلاَ تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنْفُسَكُمْ

Saestuna bilangan bulan mungguhing Allah mah aya duawelas bulan, kaunggel dina Kitab Allah dina mangsa Anjeuna ngayugakeun langit katut bumi, ti antarana opat bulan anu mulya. Eta teh (katangtuan) agama anu lempeng, kukituna poma maraneh ulah nganiaya diri pribadi dina bulan eta.

Dinu ayat tadi disebatkeun aya duawelas bulan, maksadna ti mimiti bulan Muharam anu insya Allah bakal dikawitan dinten Salasa nu bade sumping, dugi ka bulan Dzulhijjah anu ayeuna ku urang dirandapan, anu kantun dua dinten deui. Ti antara duawelas bulan eta aya opat bulan anu mulya, nyaeta bulan Zulkaidah, Zulhijjah, Muharram jeung Rajab.

Allah ngamulyakeun bulan Muharram, oge 3 bulan sejena, eta alatan ngapimilik kasucian, anu antukna jadi bulan pinilih. Di antawis wangun kasucian tur kamulyaan opat bulan eta kalebet bulan Muharram, nyaeta kaum muslimin diwagel perang, kajabi kapaksa, lamun diserang kaum kafir. Kaum muslimin oge diwanti-wanti sangkan leuwih waspada dina perkara nebihan laku kaniaya dina eta bulan.

Numutkeun Imam At-Thabari dina nafsirkeun eta ayat ngutip atsar ti Ibnu Abbas r.a. “Allah ngajadikeun bulan-bulan ieu minangka bulan-bulan suci, ngagungkeun kahormatanana tur ngalipetkeun dosa anu dipilampah dina sasih ieu, kitu deui pahala amal soleh dina sasih ieu dilipetkeun.”

Aya hiji hal anu unik dina kalenderisasi Islam. Dina panalungtikan sajarahna, yen hijrah Nabi lumangsung dina sasih Rabiul Awal, sanes Muharram, padahal sapuk yen kalender Islam dumasar kana hijrah Nabi. Kabuktosanana, sasih Muharram minangka pinangan kahiji kanggo mimiti kalender hijriyah.

Saleresna, dina kajadian hijrah ieu Nabi angkat ti Mekah ka Madinah dina dinten Kemis wekasan sasih Safar, anapon kaluar tina tempat panyumputanana di Gua Tsur dina munggaran sasih Rabiul Awal, langkung pasna mah dinten Senen ping 13 September 622.

Harita Sayidina Umar katut sobat-sobatna milih sasih Muharram minangka munggaran taun hijriyah. Ieu alatan aya anggapan dina sasih Muharram Nabi ngagaduhan azam kanggo hijrah, harita Nabi Saw rengse ngalaksanakeun ibadah haji. Iwal ti eta kumargi sasih Muharram kalebet salah sahiji tinu opat sasih haram dina Islam, dimana Allah Swt nyegah peperangan salebeting sasih-sasih eta. Nabi SAW malahan nyebatna “Bulan Allah”, sakumaha sabdana “Sahade-hadena puasa salian ti Ramadan nyaeta puasa di sasih Allah, nyaeta Muharram”. ( Hadist ieu diriwayatkeun ku Imam Muslim dina kitab Shahihya).

Alatan aya azam Nabi, hijrah nu kedal sarengsena ibadah haji, payus tur pantes upami mapag taun anyar 1435 H urang sasarengan nganiatan lengkah di taun anyar ku ngamalkeun kaumuman rengkak polah jamaah haji di tanah suci.

إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ

Paling henteu aya 3 perkara nu kedah dipilampah minangka gambaran haji mabrur keur sing saha jalmi nu tos ziarah haji. Tilu perkara ieu oge kedah jadi azam urang sadaya sanajan teu acan kapanggil ngalaksanakeun ibadah haji. Bentena, keur nu mulih haji mah pikeun ngamankeun kamabruranana sareng “danban maghfuro”, upami keur urang mah dina raraga hijrah kana kahirupan anu pinuh rohmat tur magfiroh Allah SWT.

Kahiji, “fasholli lirobbika”. Di haromain, boh jamaah haji atanapi masyarakat di sabudeureun tanah suci mekah atanapi madinah sok gura-giru ngalaksanakeun solat dina waktuna. Sanes alatan aya adan terus urang solat, tapi di mana manjing waktu solat, tinggalkeun sakeudeung pakasaban urang pikeun ngadeuheus kanu Maha Kawasa.

إِنَّ صَلَاتِي وَنُسُكِي وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِي لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ

Apanan di haromain mah, nu daragang oge ninggalkeun dasaranana ukur ditutupan ku kain, anu nuju baralanja malihan dialusir alatan leuwih mentingkeun pangeranana tinimbang pakasabanana. Kumaha ari urang? Insya Allah moal hese mun urang gaduh niat anu buleud.

Salajengna “wanhar”, kurban. Dinu sholat masih mungkin, komo di tingkat komunitas tertentu, gegeden atanapi nu dipikaserab sok diutamikeun calik di shaf paling payun. Nanging, nalika ibadah haji, teu aya jalma pangkat, teu aya nu kaya, nu jangkung, atawa sebutan lainna nu istimewa, sadaya sami ngangge kain anu sami, nyaeta kain ihrom. Sadayana teu aya nu diistimewakeun, dirina oge teu bisa nganggap jalma luhur atanapi istimewa, bade nyium hajar aswad oge, saha wae kedah ngalaman sesedekan heula kajabi jalmi anu pinilih mungguh Allah SWT. Antukna, saha wae kedah ngabogaan spirit ngorbankeun dina wanci anu sami oge ngabogaan sumanget kanggo teras ngaronjatkeun kinerja sarta ngalereskeun prestasi. Ieu ngandung makna, dina mapag taun anyar urah kedah gaduh azam pikeun lampah kapayun sangkan pangunggulna dina ngalakukeun kahadean, minangka turut ngawangun peradaban Islam, bari henteu pahiri-hiri turta henteu asa aing uyah kidul.

فَاسْتَبِقُواْ الْخَيْرَاتِ

Ngemutkeun langkung abot tur komplekna masalah nu disanghareupan dina taun anyar engke, sumangga urang sasarengan bebenah diri ku jalan ngukuhkeun iman sareng ngaweuteuhkeun sumanget pangabdian. Mangga urang tingkatkeun ajen ibadah sareng amaliah urang sangkan bener, luhur tur mulyana ajaran Islam minangka rohmatan lil ’alamin teh ngawujud dina aktifitas kahirupan urang sadidinten.

Masih tina “wanhar” ngait kana ibadah haji, tangtuna sapuk yen teu aya nu ngaraos rugi ngaluarkeun ongkos pikeun naek haji, teu mupus paniatan naek haji sanajan ti taun ka taun ongkos tambah naek. Ieu ngandung hartos, ihlas kedah jadi modal katilu pikeun mapag taun anyar. Ceuk Syekh al-Makki “Sing nyambung jeung hate Anjeun, sapukeun kokotorna, siram jeung pilih bibit unggulna, anu antukna sagala kahadean salawasna mancer tinu hate anu tulus.”

إن الله لا ينظر إلى أجسامكم ، ولا إلى صوركم، ولكن ينظر إلى قلوبكم وأعمالكم‏”‏ ‏(‏رواه مسلم‏)‏‏‏

Saestuna Allah Ta’ala eta henteu ningali ka salira-salira anjeun, oge henteu kana rupa anjeun, nanging Anjeunna ningali kana hate-hate jeng amal-amal anjeun.

Barakallah.

3 Responses to Mapag taun anyar 1435 H

  1. Hmm is anyone else experiencing problems with the pictures on this blog loading?

    I’m trying to find out if its a problem on my end or if it’s the blog.
    Any feed-back would be greatly appreciated.

  2. Maswqgzt says:

    Especially in the last four games,??where he has allowed just nine runs and struck out 35 in just 26 .
    Situational hitting will be important so runners can move up and get into scoring position.
    Latest posts by TRS Staff (see all)West Ham Fight Off Eagles, Swoop Like Buzzards – January 31, 2018.

    has happened with the guiding hand and finance of an NGB governing body].
    Justin Abdelkader, who is always a thorn in Tampa Bay’s side, not only got the first goal for Detroit but he got into a bit of a shoving match with Ondrej Palat.

  3. Jefhxwxa says:

    However, there is a big difference between those three players and Andrew Millers.
    Correa is under team control through the 2021 season (he’ll be 27).
    Reigning Champions – April 9, 2018Twins Win Home Opener, Open Homer Wonder – April 6, 2018.

    The season series was very much in favor of the Blackhawks, who won four of the five meetings, including two of the three in Nashville.
    Tre’Davious White‘s interception return led to the Tigers’ first score of the game.

Waler Jefhxwxa Bolaykeun waleran